Page 123 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 123

Sabada ibing poko dipidangkeun, paradogér mimiti nawaran kaul ka
          nu lalajo. Boh primadona boh dogér biasa, tuluyna ngibing papasangan
          jeung nu kaul. Mun taya nu ngibingan, biasana ngibing papasangan jeung
          sasama dogér deui waé.

               Jigana, adegan ieu pisan anu  loba disurahan negatip téh. Lantaran
          biasana anu milu kaul ngibing téh parajawara anu tangtu baé kaum lalaki.
          Mun ayeuna mah disebut bajidor téa. Unggal bajidor boga ceungceuman
          dogér sorangan nu mun manggung di mana waé sok dituturkeun. Husus
          ngadon ngibingan.

               Manglebarkeun, kiwari kasenian Dogér Kontrak geus méh tumpur.
          Tong boroning urang luar, dalah urang Subang-na sorangan geus loba
          nu teu apal kana ieu kasenian. Sok padahal ieu kasenian téh euyeub ku

          pintonan tari anu némbongkeun kaparigelan  luhur. Kitu deui dina lagu
          jeung tatabeuhanna.



              Kagiatan Kelompok

           a.  Sangkan  leuwih  paham  kana  eusi  bacaan  di  luhur,  pék  jawab
               pananya di handap!
               1.  Naha hasil seni budaya urang loba anu diaku ku deungeun?
               2.  Hasil  budaya  naon  waé  anu  geus  diaku  jadi  milik  bangsa
                   deungeun téh?
               3.  Kasenian naon anu ayeuna geus diajarkeun di sakola-sakola di
                   nagara deungeun?
               4.  Naon sababna di sakola-sakola di Jawa Barat teu diajarkeun?
               5.  Lamun diantep, bakal kumaha nasib kasenian urang téh?
               6.  Dogér kontrak kasenian ti daérah mana?
               7.  Naha bet disebut Dogér Kontrak?
               8.  Sabaraha urang pamaénna?
               9.  Tari naon waé anu dipintonkeun dina dogér kontrak?
               10.  Kumaha nasib seni  Dogér Kontrak  ayeuna?
               11.  Naon sababna seni Dogér  Kontrak disurahan negatip?
               12.  Naon  sababna  urang  Subang  geus  teu  arapaleun  deui  kana
                   senina sorangan?



            112                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   118   119   120   121   122   123   124   125   126   127   128