Page 124 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 124

b.   Pék pigawé babarengan!
                  1.   Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  tuluy  téangan  hartina
                      dina kamus. Geus kitu larapkeun kana kalimah!
                  2.   Sebutkeun poko pikiran anu aya dina unggal alinéa!

                  3.   Tangtukeun mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup!
                  4.   Tangtukeun jenis tulisanna, naha narasi, déskripsi, eksposisi,
                      arguméntasi,  atawa  gabungan  tina  sababaraha  jenis  tulisan.
                      Lamun gabungan, sebutkeun naon waé!

                  5.   Tangtukeun  wanda  tulisanna,  naha  induksi  naha  déduksi.
                      Sebutkeun alesanana!
                  6.   Caritakeun  deui  eusi  wacana  di  luhur  maké  basa  hidep
                      sorangan!





            3.  Lebaran di Pilemburan

                  Wacana ieu dibaca jeung dititénan ku kelompok lima jeung kelompok
            genep. Tuluy jawab pananyana!


                                     Lebaran di Pilemburan


                    Mun aya nu nanyakeun, kabiasaan naon nu ayana ngan di Indonsia
            wungkul anu patali jeung lebaran? Pasti jawabanana kabiasaan mudik.
            Apanan urusan mudik téh di nagara urang mah geus jadi urusan nasional.
            Lain ngan suku Sunda wungkul nu biasa migawéna, tapi geus jadi tradisi
            sakumna  sélér  bangsa  nu  aya  di  Indonésia.  Urang  Sumatera,  urang
            Maluku, urang Sulawesi, urang Kalimantan, Papua, Bali, jsb. geus biasa
            migawé  ieu  tradisi  dina  usum  lebaran.  Meureun  pédah  nagara  urang
            mah loba pulona, sarta pangeusina loba nu ngumbara ka pulo séjén. Dina
            waktuna milih balik ka lembur téh sok disataun-sakalikeun. Da sapopoé
            mah riweuh ku gawé téa, ongkoh tara aya liburan rada lila anu bareng
            saréréa, iwal usum lebaran. Katurug-turug, kapan tos lebaran mah wanci
            anu  kacida  mustarina  pikeun  silihlubarkeun  kasalahan  anu  dipigawé,
            boh dihaja boh teu kahaja, salila sataun landung.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   113
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   119   120   121   122   123   124   125   126   127   128   129