Page 160 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 160

“Pa!” ceuk kuring satengah nyorowok bari lumpat ka jero imah.
                  “Aya naon Tan, nyarita téh tarik-tarik teuing. Sok ngareureuwas baé,”
            Mamah nu ngajawab téh.

                  “Mah, Tatan terang ayeuna mah anu janten sumber bau téh,” ceuk
            kuring.

                  “Naon?” Mamah naros.

                  “Mobil Bapa.”
                  “Har...naha mobil Bapa?” Bapa ngerungkeun halisna.

                  “Pa, Bapa téh apan saban dinten ngalangkung ka Pasar Antay. Di
            dinya  apan  seueur  runtah.  Tah,  anu  matak  bau  téh  ban  mobil  anu  tos
            ngagéléng runtah di Pasar Antay téa,” ceuk kuring yakin.

                  Mamah  jeung  Bapa  katémbong  silihrérét.  Koloyong  Bapa  ka  luar.
            Kuring jeung Mamah nuturkeun tukangeunana.
                  “Enya,  pamanggih  Tatan  téh  sigana  bener,”  saur  Bapa  sanggeus
            aya gigireun mobil. “Runtah téh geus bahé ka jalan tuda,” Bapa siga nu
            gegelendeng.

                  “Pa, kaluarkeun deui atuh mobilna. Kumbah heula di ditu, di luar.
            Sok Tan, siapkeun selangna!” Mamah nyarios.

                  Sabot Bapa ngaluarkeun mobil ti garasi, bari nyiapkeun selang téh
            pikiran mah kumalayang ka sababaraha tempat di ieu kota anu ayeuna
            geus jadi tempat pamiceunan runtah. Upamana waé Pasar Antay, Pasar
            Tonggoh, jeung Cikuda, apan éta mah tempat umum anu sakuduna mah
            bararesih.  Ku lantaran dipaké pamiceunan runtah, atuh jadi barau jeung
            réa laleur.
                  “Sok Tan, geura kocorkeun caina!” Bapa miwarang.

                  “Banna wungkul wé nya nu dikumbahna, da ka luhurna mah beresih
            kénéh,” ceuk kuring bari nyebrotkeun cai kana ban tukang. Bapa ngawaler
            ku unggeuk.

                  Sanggeus bérés ngumbah mobil, kuring nyarita ka Bapa, “Pa, énjing
            mah ulah ngalangkung ka Pasar Antay atuh, ambéh teu bau deui bangké
            di garasi.”




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   149
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   155   156   157   158   159   160   161   162   163   164   165