Page 164 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 164

Sangkan leuwih jéntré, titénan tabél di handap!

                   Kecap Rajékan                 Asal Kecap               Rajékan

                   huluwar-hiliwir               hiliwir                  dwiréka

                   ulak-ilik                     ilik                     dwiréka
                   kurah-koréh                   koréh                    dwiréka

                   kaprak-keprek                 keprek                   dwiréka
                   ungsa-angseu                  angseu                   dwiréka

                   gura-giru                     giru                     dwiréka
                   bra - bru                     bru                      dwiréka
                   kari-kari                     kari                     dwimurni

                   ngaliwat-ngaliwat             ngaliwat                 dwimurni

                   bau-bau                       bau                      dwimurni


            3.    Pikeun  nambahan  pangaweruh  hidep  ngeunaan  kecap  rajékan,
                  titénan pedaran di handap!
                  Kecap rajékan téh nyaéta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali
                  atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh
                  robah sorana boh henteu atawa boh dibarengan ku ngararangkénan
                  boh henteu. Prosés ngawangun kecap rajékan téh disebutna ngarajék
                  (réduplikasi).
                  Wangun kecap rajékan aya tilu:
            a.    Kecap  rajékan  sagemblengna  (sakabéhna)  nyaéta  kecapna  disebut
                  dua  kali  sakabéhna,  boh  robah  sorana  boh  henteu.  Kecap  rajékan
                  sagemblengna aya dua rupa:
                  1)    Dwilingga (disebutna dua kali). Dwilingga aya dua nyaéta:
                        a)   Dwilingga  murni  (dwimurni)  anu  kecapna  disebut  dua
                            kali bari jeung sorana teu robah. Contona: buku-buku,  amis-
                            amis, korsi-korsi, jsb.
                         b)  Dwilingga  réka  (dwiréka)  anu  kecapna  disebut  dua  kali
                            bari jeung sorana robah. Contona: bulak-balik, alak-ilik, tulas-
                            tulis, jsb.






                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   153
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   159   160   161   162   163   164   165   166   167   168   169