Page 72 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 72

Tétéla pisan kecap titiran jeung ngajajar dina jajaran
            kahiji murwakanti jeung kecap sisindiran jeung jajar dina
            jajaran kaopat. Kitu deui kecap bangkuang jeung sisi dina
            jajaran katilu murwakanti jeung kecap cangkang jeung eusi
            dina jajaran kaopat.
                  Dumasar  kana  conto  di  luhur,  bisa  dicindekkeun
            ciri-ciri paparikan téh nyaéta:

            a.    Sapada (sagunduk) diwangun ku opat padalisan
                  (jajar)
            b.    Padalisan  kahiji  jeung  kadua  mangrupa  cangkang,
                  sedeng  padalisan  katilu  jeung  kaopat  mangrupa
                  eusi.
            c.    Jumlah engang dina unggal padalisan umumna aya
                  dalapan engang.
            d.    Sora tungtung padalisan kahiji sarua jeung tungtung
                  padalisan  katilu,  sora  tungtung  padalisan  kadua
                  sarua jeung sora tungtung padalisan kaopat.


            2.  Rarakitan


                  Rarakitan ampir sarua jeung paparikan, boh sorana
            boh ciri-cirina. Ngan bédana téh, dina rarakitan mah aya
            kecap  anu  dibalikan  deui  sagemblengna  jadi  sarakit-
            sarakit atawa sapasang-sapasang.


                           Contona:
                           Kudu getol neukteuk kuku
                           ngarah pinter lamun dangdan

                           kudu getol maca buku
                           ngarah pinter jiga Dadan



                  Kecap  kudu  getol  dina  jajaran  kahiji  dibalikan  deui
            dina  jajaran  katilu,  kitu  deui  kecap  ngarah  pinter  dina
            jajaran  kadua  dibalikan  deui  dina  jajaran  kaopat.  Jadi




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    61
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   67   68   69   70   71   72   73   74   75   76   77