Page 76 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 76

Contona:    Isukna muka komputer
                                  diseuseulan ku Bu Lilis

                                  Rina mah sanés mung pinter
                                  katambihan ogé geulis.....



                                  Mandi isuk rada beurang
                                  Tampian jalanna nanjak

                                  Andi atos terus terang
                                  Badé ditampi, ditolak?



                                  Andi resep dahar peuteuy
                                  Ngan sapérak  sakilona
                                  Andi mémang resep heureuy

                                  Nu matak awét jomlona

                                  Meuli pedes ngan sakilo

                                  Diwadahan ku Si bayu
                                  Andi mah da sanés jomlo
                                  Ngan sakadar henteu payu





            C.   Nulis Sisindiran

                  Nulis sisindiran téh babari pisan mun geus paham
            mah kana patokan-patokanana.  Nu penting nyumponan
            ciri-ciri  anu  geus  dipedar  di  luhur.  Léngkah-léngkahna
            bisa kawas kieu:

            a.    Tangtukeun  heula  eusina,  nyaéta  maksud  anu  ku
                  urang  hayang  ditepikeun.  Naha  rék  mangrupa
                  papatah, silih-asih, atawa gogonjakan.





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    65
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   71   72   73   74   75   76   77   78   79   80   81