Page 20 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 20

ngagunakeun  basa  Sunda  dina  kahirupan  sadi-
                                  dinten.  Perkawis  undak-usuk,  naha  leres  atawa
                                  lepat  ngalarapkeunana,  rupina  teu  kedah  janten
                                  hahalang.  Nu  penting  urang  nyarita  ku  basa
                                  Sunda. Tangtos baé kedah bari teras diajar, supados
                                  langkung paham, mana basa anu merenah atawa
                                  saé sareng mana anu henteu.
                                  Bapa/Ibu  Guru  kalih  réréncangan  sadaya  anu
                                  dipihormat, rupina sakitu anu tiasa kapidangkeun
                                  dina ieu sawala. Hatur séwu nuhun kana perhatosan
                                  ti sadayana. Hapunten bilih aya kakirangan sareng
                                  kalepatan. Wassalamu’alaikum wr. wb.



                                                      Latihan

                                Sangkan hidep leuwih paham kana eusi téks di luhur,
                           pék jawab ieu pananya kalawan singget tur merenah!

                           1.   Cing  jéntrékeun  ku  hidep,  naon  pancénna  panata
                                acara téh?
                           2.   Acara naon anu dijejeran ku panata acara dina éta
                                téks téh?
                           3.   Naon cenah maksudna éta acara bet dihariringkeun
                                kawih “Sabilulungan”?
                           4.   Ceuk hidep kira-kira naon anu bakal jadi pamecut
                                préstasi para siswa dina éta acara?
                           5.   Kumaha  pamanggih  hidep  kana  omongan  panata
                                acara  dina  éta  téks?  Lebah  mana  alusna  atawa
                                kahéngkéranana?
                           6.   Jéntrékeun naon bédana pancén panata acara jeung
                                panumbu catur?
                           7.   Naon  jejerna  sawala  anu  dicaritakeun  dina  téks
                                omongan panumbu catur téh?
                           8.   Ceuk  pangjejer,  kumaha  kaayaan  urang  Sunda
                                ayeuna dina ngagunakeun basa Sunda?
                           9.   Kumaha  pamanggih  hidep  kana  pasualan  undak-
                                usuk basa anu disawalakeun dina éta téks?
            10                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       11

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   15   16   17   18   19   20   21   22   23   24   25