Page 40 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 40

nyarieun  batik  jeung  sapatu.  Sapatu  ti  Sindangbarang  dijual  ka  Pasar
          Anyar Bogor jeung ka Pasar Pagi atawa Jatinegara, Jakarta. Tadina mah
          kawilang loba anu nyaireun sapatu téh. Ngan tuluy malencar, muka usaha
          di tempat séjén. Ari batik mah umumna sok dijarual di Sindangbarang
          baé, ka wisatawan nu daratang ka dinya. Ieu batik tradisional nu henteu
          ngagunakeun bahan kimia téh hargana kawilang mahal, baju upamana,
          hargana bisa tepi ka 150 rébu.
                 Kasenian ogé dipiara. Barudak loba anu dialajar nabeuh gamelan
          atawa tari. Saban malem minggu kolot-kolot sok nabeuh gamelan di Saung
          Talu. Tapi kasenian nu kawilang unik mah nyaéta “parebut séeng”. Ieu
          kasenian téh saenyana kaasup penca. Diayakeunana upama aya jajaka anu
          rék ngalamar mojang. Tah, si jajaka téh kudu némbongkeun kamahéran
          menca  sarta  kudu  bisa  ngarebut  sééng  ti  hiji  lalaki.  Upama  sééng  bisa
          karebut,  mojang  anu  dipikahayang  bisa  dikawin.  Tepi  ka  ayeuna  éta
          tradisi  “parebut  sééng”  téh
          masih  aya.  Ngan  ayeuna
          mah béda. Keurna sééng teu
          bisa karebut, si jajaka angger
          bisa  ngalamar.  Pangna  kitu
          lantaran kungsi aya kajadian
          riributan  ku  sabab  si  jajaka
          teu bisa ngarebut sééng sarta
          teu  bisa  ngalamar  mojang
          anu dipikabogohna.






                                     Batu nu dipelakkeun. Sumber: dokumen pribadi


               Aya  deui  tradisi  nu  ahéng  di  Sindangbarang  téh,  nyaéta  upacara
          melak batu, anu ilahar sok disebut Makukeun.  Ieu upacara téh ngaruntuy.
          Dimitian  ku  Ngunduh  Watu,  nyaéta  néangan  atawa  milihan  batu  di
          walungan. Upama geus manggih, sok tuluy meuleum menyan sarta sasadu
          ka lelembut nu ngageugeuh walungan yén éta batu téh rék dipindahkeun.
          Batu anu dipilih téh batu anu teuas sarta alus rupana jeung wangunna.
          Éta batu téh disebut Ungkal Biang (ungkal = batu, biang =  indung), batu

            30                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       31

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   35   36   37   38   39   40   41   42   43   44   45