Page 38 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 38

Kampung Sindangbarang dirékonstruksi deui. Diadegkeun deui dumasar
          kana katerangan nu kaunggel dina Pantun Bogor. Nya jleg baé ahirna jadi
          Kampung Budaya Sindangbarang, kawas anu témbong ayeuna.
               Di bagian lahan anu rada luhur, aya Imah Gedé, tempat matuhna
          Pupuhu  Kampung.  Wangunanana  gedé,  lalega,  dipasieup  ku  suhunan
          julang ngapak. Gigireunana aya imah Girang Serat, tempat pamatuhan
          girang  serat,  nyaéta  jalma  anu  pancénna  purah  mantuan    Pupuhu
          Kampung dina ngokolakeun adat jeung kahirupan di Sindangbarang. Teu
          jauh ti dinya aya deui Saung Talu. Ieu mah wangunan paranti mintonkeun
          rupa-rupa kasenian. Éta wangunan téh tiluanana aya di sisi alun-alun anu
          lega,  tempat  paranti  lumangsungna  upacara  adat  Sérén  Taun.  Salian  ti
          upacara taunan, urang Sindangbarang ogé sok ngayakeun  salametan dina
          malemam 14 purnama. Ngirim du’a ka karuhun sarta ménta kasalametan
          ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat tetep raharja. Minangka sasajénna
          maranéhna  sok  nyadiakeun  kuéh  tujuh  rupa,  minangka  perlambang
          tujuh  lapis  bumi,  jeung  kembang  tujuh  rupa,  perlambang  tujuh  lapis
          langit. Salian ti éta aya ogé parukuyan, kopi pait, kopi amis, surutu, jeung
          sajabana.

                 Perkara imah jeung bagian-bagianana keur urang Sindangbarang
          mah miboga harti anu mandiri. Bagian tengah disebutna ‘buana panca
          tengah’  nyaéta  tempat  cicingna  manusa.  Bagian  handap  atawa  kolong
          imah, disebutna ‘buana handap’, tempat cicingna bangsa lelembut, jurig
          atawa siluman. Ari bagian luhur nyaéta suhunan, disebutna ‘buana luhur’,
          tempat cicingna karuhun.  Kitu deui hateup injuk. Ieu ogé aya pakaitna
          jeung kaperayaan urang dinya. Ceuk katerangan ti kolot-kolot baheula anu
          terus turun-tumurun, para déwa atawa karuhun sok nurunkeun piwejang
          téh dina tangkal kawung. Éta sababna kawung dianggap tangkal anu suci
          turta  injukna  sok  dipaké  hateup  keur  niungan  imah.  Maksudna  malar
          anu ngeusina meunang panangtayungan jeung katingtriman.

                 Di luhur Imah Gedé bagian hareup aya Warogé anu ngagantung.
          Warogé téh gambar, simbul tina jangjawokan Sunda baheula anu diukir
          dina kai. Gunana pikeun panulak bala sangkan henteu diganggu ku bangsa
          lelembut  nu  boga  maksud  jahat.  Warogé  téh  asalna  tina  kecap  daruga
          atawa darugi, robahan tina kecap durga atawa durgi. Dina mitologi Hindu,
          durga téh Dewi Uma anu disupata ku Batara Guru tepi ka wujudna robah

            28                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       29

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   33   34   35   36   37   38   39   40   41   42   43