Page 41 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 41

indung. Geus kitu ditéma ku Ngunduh Matur, nyaéta néangan tatangkalan
            anu bakal dipelak di sabudeureun batu. Éta batu jeung tatangkalan tuluy
            dipelak deukeut Imah Gedé, kalawan maké upacara nu disebut Makukeun
            téa. Salian ti meuleum menyan, aya sasajénna anu disadiakeun nyaéta:
            rujak tujuh rupa (rujak dawegan, bonténg, caruluk, peuyeum, honjé, cau
            emas, jeung cuing), kembang tujuh rupa (campaka, kananga, kacapiring,
            tanjung,  malati,  kamuning,  jeung  érmawar),  jeung  seupaheun.  Réngsé
            melakkeun batu tuluy dipungkas ku murak tumpeng anu geus didu’aan
            saméméhna. Brak dalahar, balakecrakan. Ari maksudna, melak batu téh
            malar lembur jeung pangeusina jadi kukuh. Tetep renggenek sarta tuhu
            ngariksna adat titinggal karuhun.
                     (Disundakeun sarta diropéa tina internét, tulisan Triani Hanifa)







                                       Latihan 1

            Jawab ieu pananya!

                  Sangkan hidep leuwih paham kana eusi wacana di
            luhur, pék jawab ieu pananya di handap!

            1.    Ceuk katerangan dina wacana di luhur, pamandangan
                  alam di Sindangbarang téh matak waas. Cing tétéla-
                  keun naon baé nu matak waas téh?
            2.    Saha anu jadi pupuhu kampung di Sindangbarang?
            3.    Dina carita naon cenah ayana katerangan kampung
                  Sindangbarang téh?
            4.    Saha  anu  maréntahkeun  nyieun  pundén-pundén
                  batu  di  Sindangbarang?  Pikeun  naon  éta  pundén
                  batu téh?
            6.    Pék  tetélakeun  naon  anu  disebut    upacara  Sérén
                  Taun!
            7.    Ti  iraha  Kampung  Sindangbarang  direkonstruksi?
                  Naon sababna?
            8.    Kumaha  ceuk  kapercayaan  urang  Sindangbarang
                  ngeunaan babagian imah téh?

                                                                                       31
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   36   37   38   39   40   41   42   43   44   45   46