Page 44 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 44

4.    Upacara Melak Batu
               Upacara melak batu téh ngaruntuy dina sawatara kagiatan, nyaéta:
               a.    Ngunduh  Watu,  néangan  atawa  milihan  batu  di  walungan
                     pikeun dijadikeun ungkal biang.
               b.    Ngunduh  Matur,  néangan  tatangkalan  anu  bakal  dipelak  di
                     sabudeureun batu.
               c.    Makukeun,  melakkeun  batu  di  hiji  tempat,  deukeut  imah
                     pupuhu kampung.
          5.    Warogé

               Warogé téh gambar atawa simbul tina jangjawokan Sunda baheula
               anu diukir dina kai. Dina warogé aya lima gambar kalawan miboga
               ngaran masing-masing, nyaéta:
               a.    Haranghasuan  (warogé  simbul  seuneu),  gunana  pikeun
                     ngalolongkeun       panon     lelembut     nu    niat   ngaganggu
                     pakampungan atawa lahan tatanén.
               b.    Ratuning  Tutulak  (warogé  simbul  taneuh),  pikeun  panulak
                     bala tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat.
               c.    Watu  Panggilang  (warogé  simbul  batu),  panulak  bala  tina
                     gangguan mahluk gaib nu aya dina batu.
               d.    Wangapah  (warogé  simbul  cai),  panulak  bala  tina  gangguan
                     mahluk gaib nu aya di cai.
               e.    Wawayangan  (warogé  simbul  angin),  panulak  bala  tina
                     gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.
          6.    Kasenian Parebut Sééng

               Ieu kasenian téh saenyana kaasup penca. Diayakeunana upama aya
               jajaka anu rék ngalamar mojang. Tah, si jajaka kudu némbongkeun
               kamahéran  menca  sarta  kudu  bisa  ngarebut  sééng  ti  hiji  lalaki.
               Upama sééng bisa karebut, mojang anu dipikahayang bisa dikawin.
          7.    Istilah anu séjénna
               Salian ti anu geus dipedar di luhur, dina wacana anu tadi aya deuih
               sawatara istilah anu patali jeung tradisi urang Sunda. Geura urang
               tataan:
               a.    Imah panggung, imah anu aya kolongan, dadamparna anggang
                     tina taneuh.
                      “Di pilemburan ogé ayeuna mah geus langka imah panggung téh.”

            34                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       35

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   39   40   41   42   43   44   45   46   47   48   49