Page 37 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 37

Kumaha  kasang  tukangna  ieu  kampung  budaya  Sindangbarang
            téh?
                    Ceuk katerangan ti Ahmad Mikami Sumawijaya, nu kapapancénan
            jadi Pupuhu Kampung, Kampung Sindangbarang téh geus aya ti jaman
            Karajaan  Pajajaran.  Dina  naskah  Pantun  Bogor  ditétélakeun  yén  di  ieu
            kampung aya 33 pundén batu nu undak-undakan. Ieu pundén téh minangka
            tempat paranti muja semédi urang Pajajaran. Rakéan Darmasiksa nu harita
            nyekel kakawasaan di Pakuan Pajajaran, maréntahkeun sangkan nyieun
            pundén batu di Sindangbarang. Dina carita pantun Bogor ditétélakeun;
            “Ulah Sindangbarang geusan tata pangkat diganti deui. Sang Pamanah
            Sang  Darmajati,  tanah  lemah  tutup  bumi,  tutup  buana  dat  mulusna.”
            Tina  éta  ungkara  katémbong  yén  Sindangbarang  téh  dikaramatkeun,
            dianggap  tempat  suci.  Malah  dianggap  papayung  buana  sangka  tetep
            mulus rahayu.


























                                                                  Sumber: www.datasunda.com
                    Kampung  Sindangbarang  aya  di  wewengkon  nu  tanahna  subur.
            Ku sabab kitu hasil tatanén teu weléh cukul. Rahayat hirup tengtrem tur
            raharja. Saban taun sok diayakeun upacara adat “Sérén Taun”. Minangka
            tanda sukur ka Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta miharep
            hasil  nu  leuwih  punjul  dina  taun  hareup.  Tapi  éta  tradisi  téh  henteu
            terus manjang. Kira-kira dina taun 70-an upacara “Sérén Taun” geus teu
            dilaksanakeun deui, sarta imah-imah panggung mimiti lus-les laleungit.
            Éta sababna pikeun ngariksa budaya titinggal karuhun, dina taun 2006

                                                                                       27
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   32   33   34   35   36   37   38   39   40   41   42