Page 42 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 42

9.    Tétélakeun naon anu disebut Warogé!
          10.   Caritakeun  ku  hidep  kumaha  prak-prakan  upacara  melak  batu
               atawa Makukeun téh!




          B.   Ngaguar Eusi Wacana

               Wacana  di  luhur  téh  nyaritakeun  Kampung  Sindangbarang  jeung
          pangeusina  anu  tuhu  miara  adat  kabiasaan  titinggal  karuhun.  Nilik

          kasang tukang sajarahna, kaharti upama tradisi di ieu kampung dipupusti.
          Ngadegna  cenah  geus  lila  pisan  Kampung  Sindangbarang  téh,  malah
          geus aya ti jaman Karajaan Pajajaran kénéh. Sakumaha katerangan dina
          carita  Pantun  Bogor,  Rakéan  Darmasiksa  nu  jadi  Raja  Pajajaran  harita
          maréntahkeun  sangkan  nyieun  33  pundén  batu  pikeun  tempat  ibadah
          urang Pajajaran. Tegesna ti jaman harita kénéh ieu kampung dkaramatkeun,
          dianggap tempat suci. Malah dianggap papayung buana.

                 Rupaning adat tali paranti titinggal karuhun tuluy dipiara ku urang
          dinya, upamana baé; wangunan imah, upacara sérén taun, melak batu,
          jeung sajabana. Ngan ku sabab ayana pangaruh ti luar, éta kabiasaan téh
          sawaréh loba anu laleungit, upamana baé wangunan imah panggung. Éta

          sababna dina taun 2006, Kampung Sindangbarang dirénovasi. Dibebenah
          deui dumasar kana katerangan anu aya dina carita Pantun Bogor.
               Tradisi  anu  tadina  rék  musna  dihirupkeun  deui,  upamana  baé

          upacara sérén taun, warogé, kasenian parebut sééng, jeung sajabana. Ku
          dirumatna budaya Sunda di  Sindangbarang, sesebutanana ayeuna mah
          jadi robah, diémbohan jadi “Kampung Budaya”.

                 Ku maca riwayat Kampung Sindangbarang jeung adat kabiasaan
          nu hirup di dinya, urang jadi terang yén miara banda budaya téh pohara
          pentingna. Sabab dina saban titinggal budaya, boh anu mangrupa barang
          (imah, pakakas) boh anu mangrupa adat kabiasaan (upacara sérén taun,
          melak batu) aya ajén atikan anu kacida hadéna. Loba anu kudu diconto ku
          urang, upamana baé kumaha kuduna ngariksa lingkungan sabudeureun,
          leuweung, tatangkalan, jeung sajabana.




            32                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       33

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   37   38   39   40   41   42   43   44   45   46   47