Page 36 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 36

rang  Sunda  hirup  jeung  budayana.  Rupa-rupa
                                    kabiasaan atawa tradisi  kasampak kénéh ku urang
                           Udi  pilemburan.  Urang  lembur  umumna  tukuh
                           kénéh ngariksa adat kabiasaan titinggal karuhun. Komo
                           deui  di  lembur-lembur  anu  henteu  loba  kapangaruhan
                           ku  modérénisasi,  upamana  baé  di  Baduy,  Kampung
                           Naga,  Ciptagelar,  Kampung  Pulo,  Kampung  Dukuh,
                           jeung  sajabana.  Tah,  sangkan  hidep  terang,  kumaha
                           urang lembur miara budayana, dina ieu pangajaran aya
                           sababaraha  tulisan  anu  medar  éta  perkara;    Kampung
                           Budaya Sindangbarang, kabiasaan urang Sunda anu masih
                           dipilampah tepi ka ayeuna nyaéta Nadran, ngahirupkeun
                           deui  kaulinan  barudak,  jeung  paélmuan  urang  Sunda
                           ngeunaan  rupa-rupa  lemah  (taneuh).  Urang  rék  maca
                           wacana, mikanyaho eusina, sarta niténan pakeman basa
                           nu aya dina éta wacana.


          A.   Maca Wacana

          Baca sing imeut ieu wacana di handap!


                           Kampung Budaya Sindangbarang


                 Kampung Budaya Sindangbarang téh perenahna di Sindangbarang,
          Désa  Pasireurih,  Kacamatan  Tamansari,  Kabupatén  Bogor  Barat.
          Anggangna kira-kira 5 kilométer ti Kota Bogor. Kawilang babari upama
          urang  hayang  ngajugjug  ka  ieu  tempat.  Bisa  tumpak  angkot  jurusan
          Sindangbarang,  turun  di  pertelon.  Ti  dinya  mah  kari  tumpak  ojég.
          Jalanna kawilang nanjak sarta loba péngkolan. Tapi upama geus anjog ka
          Kampung Budaya, urang dipapagkeun ku pamandangan alam nu matak
          waas. Leuweung maleukmeuk di jauhna. Imah-imah panggung  parentul.
          Ngajajar  asri tur hégar katénjona. Aya Imah Gedé, nyaéta imah pupuhu
          kampung nu nampeu ka lahan nu lega ngagemblang, kawas alun-alun.
          Di sisi ieu lahan ngadarangong leuit nu suhunanana nyarungcung éndah
          pisan. Tangkal kalapa jeung awi tingrunggunuk di sawatara tempat. Aya
          batu ngadarungkuk di buruan Imah Gedé, diriung ku kekembangan.


            26                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       27

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   31   32   33   34   35   36   37   38   39   40   41