Page 43 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 43

Niténan Adat Kabiasaan


                  Dina  wacana  anu  tadi  urang  manggihan  sawatara
            tradisi atawa budaya Sunda anu nu masih kénéh hirup di
            Sindangbarang, nyaéta:
            1.    Upacara Sérén Taun

                   Upacara  anu  diayakeun  minangka  tanda  sukur  ka
                  Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta
                  miharep  hasil  nu  leuwih  punjul  dina  taun  hareup.
                  Salian ti di Sindangbarang, upacara sérén taun téh
                  sok  diayakeun  ogé  di  wewengkon  séjénna,  upama
                  baé di Baduy, Ciptagelar, Kampung Urug, Kampung
                  Naga, jeung sajabana. Runtuyan kagiatanana ilaharna
                  nyaéta  ngadu’a,  murak  tumpeng,  jeung  pintonan
                  rupa-rupa kasenian tradisi.

            2.    Salametan Maleman Opat Welas

                  Salian  ti  sérén  taun,  di  Sindangbarang  ogé  aya
                  salametan nu diayakeun saban bulan dina maleman
                  opat welas purnama. Ieu salametan téh ngadu’akeun
                  anu  geus  parupus  sarta  ménta  kasalametan  ka
                  Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat salamet sarta
                  raharja.


            3.    Wangunan Imah jeung Palasipahna
                  Pikeun  urang  Sindangbarang,  imah  téh  diwangun
                  ku tilu bagian sarta miboga harti sewang-séwangan.
                  Bagian tengah disebutna ‘buana panca tengah’ nyaéta
                  tempat  cicingna  manusa.  Bagian  handap  atawa
                  kolong  imah,  disebutna  ‘buana  handap’,  tempat
                  cicingna bangsa lelembut, jurig atawa siluman. Ari
                  bagian  luhur  nyaéta  suhunan,  disebutna  ‘buana
                  luhur’, tempat cicingna karuhun.






                                                                                       33
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   38   39   40   41   42   43   44   45   46   47   48