Page 56 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 56

rang  Sunda  mah  ari  nyarita  téh  aya  kalana  sok
                                    tara togmol ka nu dimaksud, tapi malibir malar
                           Uhenteu nerag karasana sarta anu diajak nyaritana
                           surti. Malibirkeun omongan bisa ku rupa-rupa ungkara,
                           upamana baé ku babasan, ku paribasa, atawa ku kekecapan
                           séjén  anu  maksudna  henteu  nembrak.  Dina  pangajaran
                           ayeuna hidep bakal diajar wikawanoh sawatara pakeman
                           basa anu ilahar sok dipaké nyarita ku urang Sunda dina
                           kahirupan sapopoé.

          A.   Maca Wacana

          Baca sarta tengetan ieu wacana di handap!


                          Hayu Urang Nyarita ku Basa Sunda


               Basa  Sunda  téh  banda  urang  anu  kudu  dipiara  dimumulé.  Ari
          miarana  di  antarana  nyaéta  ku  cara  nyarita  maké  basa  Sunda  dina
          kahirupan sapopoé. Ayeuna kasaksén ku urang, loba urang Sunda anu
          henteu nyarita ku basa Sunda, boh di imah boh di tempat campur gaul.
          Utamana di kota-kota anu kitu téh. Anu jadi alesanana, lingkungan kota
          kiwari geus jadi tempat pacampurna rupa-rupa sélér; Sunda, Jawa, Batak,

          Padang, jeung sajabana. Ku sabab kitu, tangtu baé basa anu digunakeun
          dina campur gaul sapopoé téh kudu ku basa Indonésia. Aya deui alesan
          anu  séjénna,  majar  basa  Sunda  téh  hésé  ku  sabab  aya  undak-usuk,
          ragam basa anu ngabéda-béda basa keur ka diri sorangan jeung keur ka
          batur. Sieun bisi salah ngalarapkeunana. Nu matak mending maké basa
          Indonésia. Alesan anu séjénna, majar basa Sunda téh tinggaleun jaman,
          asa kesan kampungan, teu up date, jeung sajabana. Bisa jadi aya kénéh
          alesan anu séjénna, tapi umumna mah nu tilu perkara éta anu sok mindeng
          kadéngé ku urang. Tiluanana gé aya benerna. Tapi upama urang, urang
          Sunda, boga pamadegan kawas kitu, tinangtu nasib basa Sunda téh moal
          lila bakal leungit. Bakal moal aya nu maraké deui. Ceuk babasan mah jati
          kasilih ku junti téa. Banda urang anu poko, kasilih, kaganti ku naon-naon
          anu jol ti luar, nyaéta ku basa deungeun. Padahal apan ku sabab ayana
          basa Sunda pisan urang bisa nyebut ayana urang Sunda téh. Aya paribasa


            46                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       47

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   51   52   53   54   55   56   57   58   59   60   61