Page 57 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 57

nu nétélakeun, “basa téh cicirén bangsa, leungit basana ilang bangsana”.
            Tegesna moal aya deui sesebutan urang Sunda téh, upama basa Sundana
            geus ngaleungit, teu diparaké.
                  Sanajan kiwari urang Sunda beuki loba pacampur jeung sélér séjén,
            lain  hartina  urang  kudu  cul  ninggalkeun  basa  Sunda.  Sikep  anu  hadé
            mah  tetep  ajeg  ngajénan  jeung  maké  basa  sorangan.  Da  kapan  henteu
            saban waktu urang pagilinggisik sarta cacarita jeung urang Jawa atawa
            Batak.  Di  lingkungan  kulawarga  atawa  ngomong  jeung  tatangga  mah

            nya tangtu ku basa Sunda, anu bakal karasa leuwih ‘deukeut layeutna’
            tibatan ku basa séjén. Ari pasualan undak-usuk, saenyana siga-siga jadi
            alesan  pikeun  maranéhna  anu  horéam  nyarita  ku  basa  Sunda.  Pangna
            kitu sabab saenyana henteu sabaraha loba kecap-kecap basa lemes anu
            sok dipaké sapopoé tur kudu merenah undak-usukna téh. Geura urang
            tataan  contona,  upamana:  bantun-candak,  mios-angkat,  neda-tuang,
            wangsul-mulih,  dongkap-sumping,  kakuping-kadangu,  sanggem-saur,
            calik-linggih, jsb. Papasangan kecap lemes kawas kitu téh upama diitung,
            paling ukur 20 atawa 30 kecap, anu mindeng sok dipaké sapopoé. Jadi
            saenyana lebah mana héséna undak-usuk téh? Naha ku kecap-kecap lemes
            anu teu sabaraha jumlahna, urang bet jadi sieun salah henteu hayang bisa?
            Bandingkeun upamana jeung kecap basa Inggris anu kudu kacangkem
            upama urang hayang bisa nyarita ku basa Inggris.

                  Upama aya anggapan yén basa Sunda henteu gaul, henteu up date,
            ieu  gé  anggapan  anu  salah.  Kiwari  malah  mindeng  kadéngé  yén  keca-
            kecap basa Sunda beuki loba diparaké di lingkungan nasional, boh lisan
            upamana baé ku penyiar TV atawa radio, boh ku wartawan dina koran
            atawa  majalah.  Contona  kecap-kecap  saperti;  bobotoh,  ngabuburit,
            kudu, keukeuh, jsb., kiwari geus mindeng dipaké. Ieu hiji bukti yén basa
            Sunda ogé bisa makalangan, malah sok karasa leuwih kerén, tibatan basa
            Indonésia.

                  Salian ti sual kecap, dina basa Sunda ogé aya ajén-inajén tatakrama.
            Aya  ungkara-ungkara  paribasa  anu  némbongkeun  kumaha  tatakrama
            urang Sunda, upamana baé; hadé tata hadé basa, hadé gogog hadé tagog,
            soméah hadé ka sémah, tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah, jsb.
            Naon  ari  tatakrama  téh?  Tatakrama  asalna  tina  basa  Sangsakerta;  tata
            hartina aturan atawa palanggeran; krama hartina hormat. Jadi tatakrama
                                                                                       47
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   52   53   54   55   56   57   58   59   60   61   62