Page 58 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 58

téh aturan dina ngahormat atawa aturan sopan santun anu disaluyuan ku
          warga masarakat, pikeun silihajénan jeung nu lian.

               Unggal  bangsa  atawa  suku  bangsa  ngabogaan  tatakrama  séwang-
          séwangan  saluyu  jeung  tradisi  sarta  ajén  moral  anu  dianutna.  Urang
          Sunda tangtu waé boga tatakrama anu mandiri, anu jadi ciri urang Sunda.
          Ieu tatakrama téh ngawengku aturan dina anggah-ungguh (gerak angota
          badan) jeung aturan dina omongan atawa basa anu digunakeun.
               Tatakrama  anu  patali  jeung  anggah-ungguh  upamana  baé,  cara
          sasalaman, cara diuk (awewé kudu émok, jsb), awak kudu rengkuh lamun

          nyarita jeung jalma anu dihormat, jsb.
               Ari nu patali jeung omongan atawa prak-prakan ngagunakeun basa,
          urang Sunda boga aturan anu husus, nyaéta undak-usuk basa sakumaha

          anu  tadi  geus  kasabit  di  luhur.  Undak-usuk  basa  téh  tahapan  atawa
          panta-pantana  basa,  atawa  luhur-handapna  ajén  basa  anu  dilarapkeun
          saluyu jeung jalma anu diajak nyarita. Dina basa Sunda aya nu disebut
          basa lemes, basa sedeng (loma), jeung basa kasar.
               Diajar basa Sunda téh di antarana sangkan urang paham sarta bisa
          ngalarapkeun basa lemes dina omongan sapopoé. Basa lemes digunakeun

          upama  urang  nyarita  jeung  jalma  anu  saluhureun,  boh  umurna  boh
          kalungguhanana,  atawa  ka  jalma  anu  can  pati  loma  jeung  urang.  Ari
          maksudna, ngagunakeun basa lemes téh pikeun ngajénan atawa ngahormat
          ka batur (jalma anu diajak nyarita ku urang). Dina prakna nyarita, urang
          kudu paham mana basa lemes anu digunakeun keur diri sorangan jeung
          mana anu keur ka batur.

               Tina pedaran tadi, katémbong yén basa Sunda téh tetep hirup sarta
          masih diparaké ku urang Sunda. Dina kamekaranana basa Sunda longgar
          bisa narima pangaruh tina basa séjén, upamana baé tina basa Jawa. Tapi ku
          pangaruh anu beuki nyosok ti luar, tina kaayan pajamanan, kiwari urang
          Sunda aya anu henteu maraké basana sorangan. Salaku urang Sunda anu
          nyaah tur héman kana basana, urang tangtu kudu teteg teu galideur. Hayu
          urang nyarita ku basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Ngan ku cara kitu
          basa Sunda bakal langgeng, bakal manjang ngigelan jaman.



            48                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       49

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   53   54   55   56   57   58   59   60   61   62   63