Page 60 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 60

Dina omongan sapopoé éta babasan jeung paribasa téh osok dipaké,
          naha  pikeun  mamanis  basa  atawa  pikeun  ngantebkeun  maksud  anu
          nyarita. Geura titénan ku hidep ieu conto-conto kalimah di handap anu
          ngagunakeun babasan jeung paribasa.




          Kalimah anu ngagunakeun babasan:

          1.    Ulah atah anjang atuh ari ka dulur téh, Lis, bisi matak teu wawuh!
          2.    Leuh kayungyun ku Galih mah, hampang birit, tara ngaengkékeun
               ari dititah téh.
          3.    Kahadé ulah kéna-kéna boga préstasi tuluy gedé hulu, ké batur teu
               resepeun.


          4.    Ieuh, jadi jalma mah kudu bodo aléwoh, daék tatanya ka batur ari
               teu bisa téh.
          5.    Mang Oik mah héjo tihang, pipindahan baé bangun teu betah lila di

               hiji tempat.



          Kalimah anu ngagunakeun paribasa:
          1.    Ulah  awuntah  ari  boga  rejeki  téh,  kudu  bisa  ngeureut  neundeun,
               ngarah aya simpenan keur poé isukan.

          2.    Sing getol baé diajarna, Ujang, geuning paribasa gé lamun keyeng
               tangtu pareng. Ku soson-soson mah bakal kahontal nu dipimaksud.
          3.    Ulah sapihak ari nyieun kaputusan téh, kudu leuleus jeujeur liat tali,
               bisa ngayunkeun kahayang nu lian.
          4.    Adéan ku kuda beureum Dikdik mah, pakéan kerén tapi meunang
               nginjeum ti batur.
          5.    Urang Cibodas mah akur sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi

               salebak, babarengan silih rojong dina migawé naon-naon ogé.
               Sangkan hidep leuwih wanoh kana babasan jeung paribasa, ieu di
          handap ditémbongkeun conto-conto anu séjéna katut hartina. Pék baca
          sarta titénan!




            50                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       51

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   55   56   57   58   59   60   61   62   63   64   65