Page 61 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 61

Babasan


            1.   Amis budi                      =  hadé budi, teu weléh seuri ka batur.
            2.   Amis daging                    =   babari borok
            3.   Ayem tengtrem                  =  senang  haté,  teu  boga  kasieun/
                                                    kahariwang
            4.   Babalik pikir                  =   sadar tina kasalahan
            5.   Béak déngkak                   =  geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil
            5.   Béngkok tikoro                 =   teu kabagéan dahareun lantaran elat
                                                    datang

            7.   Beurat birit                   =   kedul, hésé dititah
            8.   Buntut kasiran                 =   pedit, korét
            9.   Cueut ka hareup                =   geus kolot
            10.   Dogdog pangréwong             =  saukur (omongan) panambah
            11.   Élmu ajug                     =  mapatahan batur bari sorangan teu
                                                    bener
            12.   Épés méér                     =  babari  ceurik,  babari  peunggas

                                                    harepan
            13.   Gantung déngé                 =  teu anggeus anu didéngékeun
            14.   Gantung teureuyeun            =   henteu cacap barang dahar,
                                                    lantaran kadaharanana kurang
            15.   Getas harupateun              =   babari nuduh/ngahukum
            16.   Gurat batu                    =   mawa karep sorangan
            17.   Hampang leungeun              =   babari neunggeul
            18.   Handap lanyap                 =  ngomongna hadé padahal maksudna
                                                    ngahina

            19.   Haréwos bojong                =   ngaharéwos tapi kadéngé ku batur
            20.   Haripeut ku teuteureuyeun =   babari kapincut ku pangbibita
            21.   Hawara biwir                  =  bébéja ka batur saméméh dipigawé
            22.   Heuras genggerong             =   ngomongna kasar
            23.   Heureut pakeun                =   saeutik pangaboga
            24.   Indit sirib                   =   indit sakulawarga
            25.   Kawas gaang katincak          =   jempé, teu ngomong





                                                                                       51
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   56   57   58   59   60   61   62   63   64   65   66