Page 59 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 59

Jawab ieu pananya di handap!
                  Sangkan  hidep  paham  kana  eusi  wacana  di  luhur,  pék  jawab  ieu
            pananya!

            1.    Kumaha cara ngamumulé basa Sunda téh?
            2.    Naon sababna ayeuna loba urang Sunda anu henteu nyarita ku basa
                  Sunda?
            3.    Jéntrékeun naon nu disebut undak-usuk basa téh?
            4.    Ceuk pamanggih hidep naha enya basa Sunda téh tinggaleun jaman?
                  Naon alesanana?
            5.    Cing  pék  sebutkeun  paribasa  anu  aya  pakaitna  jeung  tatatkrama
                  urang Sunda!
            6.    Naon cenah ari tatakrama téh?
            7.    Naon sababna urang kudu maké tatakrama dina campur gaul jeung
                  batur?
            8.    Lamun nyarita maké basa lemes, urang kudu bisa ngabédakeun basa
                  lemes keur ka diri sorangan jeung keur ka batur. Ngarah naon?




            B.   Niténan Pakeman Basa

                  Dina  wacana  anu  tadi,  urang  manggihan  sawatara  babasan  jeung
            paribasa, nyaéta: jati kasilih ku junti, hadé tata hadé basa, hadé gogog hadé
            tagog, soméah hadé ka sémah, jeung tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
            Ieu babasan jeung paribasa téh kagolongkeun kana pakeman basa, nyaéta
            ungkara anu kekecapan jeung hartina geus matok turta teu bisa dirobah
            deui. Pakeman basa sok disebut ogé idiom, tina basa Yunani idios, hartina
            sorangan, mandiri, husus, atawa has. Harti anu kapanggih dina pakeman
            basa atawa idiom disebut harti idiomatik.

                  Naon  bédana  babasan  jeung  paribasa?  Babasan  mah  ungkarana
            parondok, mangrupa kecap kantétan, hartina umumna ngagambarkeun
            kaayaan atawa pasipatan jalma, upamana baé:  peujit koréseun, beuteung
            anjingeun,  jsb.  Ari  paribasa  mah  ungkarana  paranjang  mangrupa
            kalimah sarta ngandung harti anu leuwih jero, mangrupa pépéling, atawa
            palasipah hirup, upamana baé: ngajul bulan ku asiwung mesék kalapa ku
            jara, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, jeung sajabana.


                                                                                       49
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   54   55   56   57   58   59   60   61   62   63   64