Page 62 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 62

Paribasa


          1.    Adat  kakurung  ku  iga    =    adat  atawa  kalakuan  goréng  sok  hésé
               dirobahna.
          2.    Agul ku payung butut = agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
          3.    Asa  mobok  manggih  gorowong    =    boga  kahayang  ari  pék  aya  nu
               nyumponan atawa aya nu méré jalan bari teu disangka-sangka.
          4.    Aya  cukang  komo  meuntas    =    aya  jalan  tepi  ka  laksana  anu
               dipikahayang.
          5.    Banda tatalang raga  =  harta téh pikeun nulungan raga (awak).
          6.    Batok bulu eusi madu  =  katénjo luarna (awakna) siga nu goréng padahal
               jerona (haténa) alus.
          7.    Bengkung bekas nyalahan  =  robah tingkah laku, keur budak alus ari
               geus kolot goréng.
          8.    Bentik curuk balas nunjuk   =  resep nitah ka batur.
          9.    Buruk-buruk papan jati  =  najan gedé dosana ari dulur mah sok hayang
               nulungan.
          10.   Caina hérang laukna beunang  = ngaréngsékeun perkara ku cara anu
               hadé teu matak tugenah.
          11.   Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok  =  lamun tuluy dipigawé
               tangtu bakal karasa hasilna.
          12.   Clik putih clak hérang, caang bulan opat belas  =  beresih haté, iklas,
               teu aya rasa keuheul atawa tugenah.
          13.   Cul dogdog tinggal igel  =  ninggalkeun pagawéan anu baku.
          14.   Gindi pikir belang bayah  = goréng sangka atawa goréng haté ka batur.
          15.   Goong nabeuh manéh  =  ngagulkeun diri sorangan.
          16.   Hadé gogog hadé tagog  =  hadé omongan jeung tingkah laku.
          17.   Hadé tata hadé basa  =  hadé tingkah laku jeung hadé omongan.
          18.   Halodo sataun lantis ku hujan sapoé  = kahadéan anu loba leungit ku
               kagoréngan anu saeutik.
          19.   Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat .=  indung jeung bapa téh
               sumber kasenangan.
          20.   Jati kasilih ku junti  =  anu hadé kasilih ku nu goréng.
          21.   Kaciwit  kulit  kabawa  daging    =    kababawa  ku  batur  anu  nyieun
               kasalahan
          22.   Kalapa bijil ti cungap  =  rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunana. tapi
               mahi, aya hasilna.
            52                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       53

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   57   58   59   60   61   62   63   64   65   66   67