Page 63 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 63

23.   Landung kandungan laér aisan  =  jembar pikiran atawa wijaksana dina
                  nyanghareupan pasualan.
            24.   Lauk  buruk  milu  mijah    =    pipilueun  kana  hiji  kalakuan  ku  lantaran
                  kabawakeun ku batur.
            25.   Lodong  kosong  sok  ngelentrung    =    jalma  anu  loba  omong  élmuna
                  saeutik.



            C.   Ngalarapkeun Babasan Jeung Paribasa




                                               Latihan 1



                  Cing pék téangan hartina ku hidep ieu babasan di handap ku cara
            milih jawaban anu disadiakeun!

            Babasan:
            1.    Kawas bueuk beunang mabuk
            2.    Kawas anjing tutung buntut
            3.    Kembang buruan
            4.    Kokolot begog
            5.    Kurung batok
            6.    Laér gado
            7.    Lésang kuras
            8.    Leuleus awak
            9.    Leutik burih
            10.   Lungguh tutut
            11.   Miyuni kembang
            12.   Murag bulu bitis
            13.   Ngabuntut bangkong
            14.   Ngégél curuk
            15.   Ngéplék jawér
            16.   Nyoo gado
            17.   Panjang léngkah
            18.   Pindah pileumpangan
            19.   Saur manuk
            20.   Tuturut munding
                                                                                       53
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   58   59   60   61   62   63   64   65   66   67   68