Page 64 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 64

Hartina:
          1.    Loba nu mikaresep (sok dilarapkeun ka awéwé).
          2.    Katénjona lungguh/cicingeun padahal saenyana henteu.
          3.    Jempé/ngaheruk teu ngomong.
          4.    Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
          5.    Teu meunang hasil.
          6.    Budak keur meujeuhna resep ulin di buruan.
          7.    Ngunghak, ngalunjak.
          8.    Kurang kawani, sieunan, borangan.
          9.    Robah kalakuan.
          10.  Geus teu boga nanaon.
          11.   Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot .
          12.   Teu puguh tungtungna, teu tepi ka réngsé.
          13.   Teu boga kawani, sieunan, éléhan.
          14.   Resep baranggawé, rapékan/daékan.
          15.   Ngomong rampak/bareng.
          16.   Resep indit-inditan.
          17.   Loba pangalaman.
          18.   Teu daék cicing.
          19.   Tara liar ti imah, tepi ka teu nyaho nanaon.
          20.   Resep barangpénta.





                                                     Latihan 2

                                Ceuk hidep babasan mana anu merenah dilarapkeun
                           kana ieu kalimah-kalimah di handap!

                           1.    Cing saurang-saurang atuh nyaritana, ulah … kitu!
                           2.    Ulah dipeuncit kabéhanana hayam téh, pamali matak
                                … teu boga naon-naon.
                           3.    …. Néng Syifa mah, nu nénjo teu weléh resep.
                           4.    Batur-batur  mareunang  duit  ari  manéhna  ….  teu
                                kabagéan sapérak-pérak acan.
                           5.    Urang  Sunda  gé  ayeuna  mah  ….,  teu  idek-liher  di
                                lembur baé, tapi laliar ka manca nagara.


            54                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       55

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   59   60   61   62   63   64   65   66   67   68   69