Page 66 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 66

Hartina
                           1.    Pagawéan anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can
                                puguh diudag-udag.
                           2.    Ngukur  kana  kamampuh  atawa  kaayaan  diri
                                sorangan.
                           3.    Barangdahar saméméh digawé.
                           4.    Ménta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.
                           5.    Nyilakakeun dulur sorangan.
                           6.    Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong
                                atawa ngaleuleuwihkeun
                           7.    Masinikeun pasualan anu teu aya hartina.
                           8.    Boga kahayang anu pamohalan kasorang.
                           9.    Lamun teu digawé moal barangdahar.
                           10.  Migawé  satahap-satahap,  henteu  rusuh  hayang
                                anggeus sakaligus.
                           11.   Ngabéja-béja/nyebarkeun kagoréngan batur.
                           12.   Batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.
                           13.   Paluhur-luhur  jeung  batur,  henteu  hayang  akur
                                sauyunan.
                           14.   Nu leutik/miskin ngalawan nu gedé/beunghar.
                           15.   Nyaluyukeun manéh jeung kaayaan jaman.
                           16.   Lamun  rék  barangcokot/barangala  kudu  bébéja
                                heula ka nu bogana.
                           17.   Ngéwa ka hiji jelema, tapi api-api resep.
                           18.   Nyieun kasalahan tiheula.
                           19.   Pagawéan hadé dibalés ku kagoréngan.
                           20.   Migawé  pagawéan  anu  moal  kahontal  atawa  teu
                                asup akal.


                                                     Latihan 4


                                Ayeuna cing larapkeun, paribasa mana anu merenah
                           pikeun ngalengkepan kalimah-kalimah di handap!
                           1.    Batur  mah  sok  teu  weléh  ditulungan  ku  Kang  Uja
                                téh, ari dulurna boga kabutuh sok haré-haré, …. nu
                                kitu téh.

            56                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       57

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   61   62   63   64   65   66   67   68   69   70   71