Page 69 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 69

nyanggakeun  pun  anak,  Cép  Tata,  ka  ramana
            Néng Titi, pangersana Bapa Sastra Wiguna geusan
            ditikahkeun dina danget ieu.
                  Atuh  ka  Bapa  Sastra  Wiguna  sarimbit,
            hususna  ka  Néng  Titi,  ti  danget  ieu  Bapa  sareng
            Ibu  salaku  sepuhna  nyanggakeun  Cép  Tata,  ti
            luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti
            tengah  tina  pangkonan.  Nyanggakeun  rambutna
            salambar,  getihna  satétés,  ambekanana  sadami.
            Nyanggakeun  ti  luhur  sausap  rambut  ti  handap
            sahibas dampal.

                  Sabada  diwalimahan,  mugi-mugi  hidep
            duaan  sing  tiasa  ngawangun  rumah  tangga  nu
            ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas
            manjah,  ngaréndékéh  kawas  séréh.  Sing  ayem
            tengtrem  kutaraharja.  Runtut  raut  sauyunan,
            sareundeuk  saigel  sabata  sarimbagan  sabobot
            sapihanéan.  Ka  cai  jadi  saleuwi  ka  darat  jadi
            salebak.  Ka  cai  sing  getol  mandi,  ka  darat  sing
            getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh,
            silih  kojayan  ku  kanyaah,  titih  rintih  mupusti
            rasa  kaasih,  tebih  tina  hiri  dengki  anggang  tina
            pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur
            sauyunan,  ngawangun  rumah  tangga  nu  sakinah           Sumber: dokumen pribadi
            mawadah wa rohmah.

                    Bapa miwah Ibu, hadirin palawargi hormateun sim
            kuring, rupi-na pisanggem sim kuring urang cekapkeun
            sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna
            anu diteda, bilih langkung saur bahé carék. Bobo sapanon
            carang  sapakan.  Bilih  aya  budi  anu  kajingjing  ti  tepis
            wiring,  basa  anu  kacandak  ti  padésaan.  Bilih  aya  nu
            kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar
            taar,  kababuk  punduk  kapangkék  kélék,  kaciwit  imbit
            katajong  tonggong  sareng  bobokong.  Hapuntenna  anu
            kasuhun.

                                                                                       59
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   64   65   66   67   68   69   70   71   72   73   74