Page 68 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 68

Hatur     séwu     nuhun     utamina      kasanggakeun
                           ka  pangersa  Bapa  Sastra  Wiguna  sakulawargi  anu
                           parantos  ngangken  kalayan  nampi  ka  sim  kuring
                           sinareng  rombongan,  ku  panampian  anu  kalintang
                           nyugemakeunana.  Abot  nyuhun  abot  nanggung  abot
                           narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja
                           menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti
                           Nu  Maha  Suci,  pamugi  rupining  kasaéan  Bapa  Sastra
                           Wiguna sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido
                           ku Alloh SWT. Amin.
                                Bapa  miwah  Ibu,  hadirin  palawargi  hormateun
                           sim  kuring,  sakumaha  anu  kauninga  ku  urang  sadaya,
                           wiréhna pun anak Cép Tata dongkapna ka dieu diwuwuh
                           ku parasepuh, diiring ku wargi-wargi, dijajap ku pirang-
                           pirang pidu’a, kantenan sanés lantung tambuh laku sanés
                           lentang tanpa béja. Nanging aya maksud kolbu nu dituju,
                           aya  maksad  manah  anu  diseja.  Wiréhna  kapungkur
                           sabadana pun anak, Cép Tata, patepang anu munggaran
                           sareng Néng Titi, rupina ngaraos kapetik ati kapentang
                           asmara  cinta.  Bubuhan  Néng  Titi  apan  sakitu  sieupna.
                           Saur  juru  pantun  mah  geulisna  bawa  ngajadi  endahna
                           bawa ti kudrat. Dedeg sampé rupa hadé. Gadona endog
                           sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwung-
                           kuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup
                           sieup  disawang  ti  tukang  lenjang.  Pantes  saupami  Cép
                           Tata  teras  kagémbang  kapéngpéongan.  Atuh  kaleresan
                           bet batu turun keusik naék, itu purun ieu daék, dugi ka
                           pasini jangji hoyong cacap jatukrami.

                                Dina danget ieu, Cép Tata téh rupina seja maheutkeun
                           jangji  pasinina,  gaduh  maksud  hoyong  mungkas  alam
                           lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rék muru
                           ka balé nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha
                           Agung.

                                Dina ieu kasempetan, kalayan kasakséni ku wargi-
                           wargi,  ogé  diwuwuh  ku  para  sepuh,  sim  kuring  seja

            58                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       59

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   63   64   65   66   67   68   69   70   71   72   73