Page 67 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 67

2.    Manéhna  nu  mimiti  nyieun  kasalahan  téh,  nu….,
                  tapi naha ayeuna bet malik nuduh ka kuring?
            3.    Urang kudu …. kudu bisa nuturkeun kaayaan jeung
                  kamajuan jaman.
            4.    Ulah  sok  resep….,  ngucah-ngacéh  kagoréngan
                  batur.

            5.    Ih,  kumaha  ieu  téh  bet….,  can  digawé  tapi  geus
                  meunang buruh.
            6.    Sing sabar ari baranggawé téh, kudu…. ulah hayang
                  gancang anggeus bari hasilna teu hadé.
            7.    Sing daék usaha atuh ari hayang boga panghasilan
                  mah, apan ceuk paribasa gé….

            8.    ….  nu  kitu  téh  kasebutna.  Kolotna  nu  ngurus  ti
                  bubudak, ayeuna bet dipingéwa ku manéhna.
            9.    Ulah luhur teuing boga kahayang téh, urang kudu….,
                  nyaluyukeun jeung kamampuh sorangan.

            10.   Euh, sok tara bébéja Lina mah ari barang injeum téh,
                  apan ceuk paribasa gé….




            D.   Niténan Babasan jeung Paribasa dina
                  Wacana
                  Babasan  jeung  paribasa  téh  di  antarana  sok
            digunakeun dina biantara. Ieu di handap aya conto téks
            biantara.  Pék  baca  ku  hidep  sing  imeut,  sarta  téangan
            babasan jeung paribasa nu aya dina ieu téks!


                  Assalamu’alaikum wr. wb.

                  Bapa  kalih  Ibu,  hadirin  palawargi  hormateun  sim
            kuring!

                  Langkung  ti  payun  ngahaturkeun  réwu  nuhun  ka
            panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring
            kanggo cumarios dina ieu pasamoan.


                                                                                       57
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   62   63   64   65   66   67   68   69   70   71   72