Page 65 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 65

6.    Ih,ku naon ari Dadan, …. ti tatadi bet teu daék cicing?
            7.    Basa dicarékan barudak téh jarempling baé….
            8.    Pantes  rék  loba  kanyaho  ogé,  da  manéhna  mah….
                  loba pangalaman.
            9.    Kudu  puguh  aya  hasilna  ari  babadamian  téh,  ulah
                  tepi ka ….
            10.   Si éta mah….da, sok resep barang pénta ka batur.



                                       Latihan 3


                  Ayeuna  pasangkeun  ieu  paribasa  jeung  hartina  ku
            cara milih jawaban anu disadiakeun!

            Paribasa

            1.    Marebutkeun paisan kosong
            2.    Mindingan beungeut ku saweuy
            3.    Mipit kudu amit ngala kudu ménta
            4.    Moro julang ngaleupaskeun peusing
            5.    Mun teu ngakal moal ngakeul
            6.    Nété tarajé nincak hambalan
            7.    Neukteuk curuk dina pingping
            8.    Nu asih dipulang sengit
            9.    Ngadék sacekna nilas saplasna
            10.   Ngajul bulan ku asiwung mesék kalapa ku jara
            11.   Ngaliarkeun taleus ateul
            12.   Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam
            13.   Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman
            14.   Ngukur ka kujur nimbang ka badan
            15.   Nyieun pucuk ti girang
            16.   Pacikrak ngalawan merak
            17.   Pagiri-giri calik pagirang-girang tampian
            18.   Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
            19.   Pupulur méméh mantun
            20.   Silih jenggut jeung nu dugul




                                                                                       55
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   60   61   62   63   64   65   66   67   68   69   70