Page 82 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 82

idep  tangtu  kungsi  maca  novel  nya?  Tah,  dina
                                    sastra  Sunda  loba  pisan  novel  anu  bisa  dibaca.
                           HTémana  ogé  rupa-rupa,  ti  mimiti  anu  ngaguar
                           kahirupan manusa di jaman bihari tepi ka anu nyaritakeun
                           kahirupan  modéren  di  alam  kiwari.  Béda  jeung  maca
                           carita pondok anu ukur ngasongkeun hiji peristiwa, maca
                           novel mah leuwih anteb karasana, sabab anu dipedarna
                           ogé leuwih jero. Galurna carita leuwih panjang sarta loba
                           konflik carita anu matak resep nuturkeunana. Naha novel
                           Sunda  ukur  nyaritakeun  alam  pilemburan  wungkul?
                           Henteu.  Dina  novel  Sunda  ogé  urang  bisa  manggihan
                           kaayaan  kiwari,  manusa  jaman  kiwari,  anu  geus  bisa
                           ngagunakeun  hasil  téknologi.  Geura  baca  ku  hidep
                           sempalan novel Rasiah Kodeu Binér anu nyaritakeun misteri
                           bilangan binér. Atawa Catetan Poéan Réré anu nyaritakeun
                           tokoh Réré nu teger jeung si Aa anu teu normal bogoh ka
                           lalaki, tangtu bakal panasaran.



          A.   Maca Sempalan Novel

          Ieu di handap aya sempalan novel. Pék baca sing gemet!


          Sempalan Novel 1


                 ………


               Jam setengah genep isuk-isuk. Panto kamar Rina aya nu ngetrokan.
               “Rin… Rina…gugah!”
               Rina jeung Anis méh bareng ngoréjat.
               “Muhun, Bu!”
               “Itu réréncangan Rina mani tanginas, wayah kieu tos kadarieu…”
               “Diran, Bu?”
               “Muhun, sareng Emod. Kadé hilap netepan subuh heula!”
               “Muhun…”





            72                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       73

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   77   78   79   80   81   82   83   84   85   86   87