Page 83 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 83

Anis hideng mérésan simbut jeung bantal nu pasoléngkrah. Sanggeus
            ka cai, solat subuh, duanana terus ka téras hareup. Kasampak Diran jeung
            Emod keur tingsuruput nginum susu haneut.
                  “Kumaha ieu téh, pribumi nepi ka nembé garugah, kapiheulaan ku
            sémah. Tuh, panonna gé barintit kénéh, Mod. Sidik kakara sibeungeut!”
            cék Diran bari tutunjuk.
                  “Tong ngéra-ngéra kitu atuh!” Rina bareureuman.
                  “Ih,  Emoood!”  Anis  ngoyag-ngoyag  taktak  Emod,  terus  nyidik-
            nyidik beungeutna. “Mani asa sataun teu panggih jeung Emod. Kumaha
            teu ku nanaon?”

                  “Henteu…tuh, awak uing jagjag kénéh..” cék Emod.
                  “Saha heula atuh nu manggihanana. Tah, ieu yeuh!” cék Diran bari
            nepak dadana.
                  “Enya  kitu  Diran  anu  manggihan  Emod  téh?”  Rina  neuteup  ka
            Emod.
                  “Enya  kituh,  Mod.  Engké  ku  uing  dibéré  tas  anyar  lamun  manéh
            nyebut enya..”
                  “Héhéhé, enya.”
                  “Lah, teu percaya,” cék Anis. “Mun bener gé kapanggih ku Diran,
            moal kudu muruhan sagala ngarah Emod nyebut enya…”
                  “Kumaha dongéngna, Mod? Rina panasaran yeuh…”
                  “Cik piring goréng pisang kadieukeun heula…”
                  “Keur naon?” Anis kerung.
                  “Étah bet nanya keur naon. Rék dipindahkeun ka jero beuteung!”
                  “Rék mindahkeun piring ka jero beuteung? Duh, ulah, Mod, paur,
            kajaba mun rék sulap!”
                  “Lain piringna Nis, tapi pisangna. Emh.. kieu yeuh caritana mah…”

                    Basa dititah motokopi téa, ngadadak uing hayang kahampangan.
            Mani  teu  kuat.  Berengbeng  wéh  ka  WC  heula.  Ku  lantaran  sieun
            kabaseuhan,  keretas  nu  rék  difotokopi  téh  ku  uing  diselapkeun  heula
            kana kastop nu napel dina panto WC.
                    Bérés  kahampangan  uing  kaluar.  Kasampak  deukeut  WC  aya
            lalaki ngajanteng duaan, langsung nyampeurkeun ka uing. Nu hiji maké
            kacamata, nu hiji deui rada pendék. Duanana maké baju kantoran, maké
            dasi sagala.

                                                                                       73
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   78   79   80   81   82   83   84   85   86   87   88