Page 84 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 84

“Diran, nya! Hayu ngiring heula sakedap!” cék nu saurang
               Uing téh da geumpeur, nya nuturkeun wé. Najan bari anéh naha ka
          uing bet nyebut Diran.
               Uing dibawa ka tempat parkir. Éta lalaki mawa mobil warna beureum.
          Geus kitu uing sina asup ka jero mobil. Uing mani geus soak sieun dibawa
          kabur. Rék ngagorowok kalah ngadégdég. Ngan rada tenang téh, da éta
          lalaki nyaritana leuleuy.

               “Tadi Bapa ti imah Diran,” cék éta lalaki ngabapakeun.
               “Cék Bu Lilis, cenah kamari Diran nu asup ka gudang téh, leres?”

               Uing ngahuleng. Bu Lilis téh pan indung Diran. Mimiti mah uing
          rék bébéja yén manéhna salah, da uing mah apan Emod. Ngan uing mah
          mimiti curiga. Ngadége nyebut gudang, uing jadi inget kana keretas nu
          rék difotokopi téa. Éta keretas tinggaleun kénéh di WC.

               “Leres, teu?”
               Uing unggeuk bari angger bingung.
               “Mendakan ieu ti gudang?” lalaki nu hiji deui némbongkeun kaméja
          soéh warna bulao.
               Uing unggeuk deui.
               “Di kamanakeun eusinna?”
               “Naon eusina, Pa?”
               “Amplop, dieusi keretas. Di mana ayeuna éta amplop téh?”

               “Ké  sakedap  Pa,  abdi  badé  ka  réréncangan  heula,  hawatos
          ngantosan…”

               “Teu kudu, da moal lila. Bikeun heula éta amplop. Da moal guna
          keur Diran mah…”

               Uing bingung. Bikeun waé kitu keretas anu di WC téa? Tapi kacipta
          Diran bakal ngambek mun dibikeun teh.
               Tungtungna, uing néangan akal
               “Da teu dicandak ayeuna mah…” cék uing.
               “Di mana atuh?”
               “Kakantun…”
               “Di mana? Di imah?”
               “Sanés…”


            74                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       75

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   79   80   81   82   83   84   85   86   87   88   89