Page 85 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 85

“Ari  geus  di  mana?”  éta  lalaki  mimiti  nyentak,  nepi  ka  uing
            ngarénjag.
                  “Euh…di warnét…,” uing ngajawab téh asal engab.
                  “Hayu  téang!  Ahmid,  bekem  heula  geura  biwirna  bisi
            ngagorowok.”

                  Biwir uing dibekem ku kaméja téa. Mani eungap. Lalaki nu pendék
            terus ngahirupan mobil. Geus kitu mobil ngadius ka lebah jalan raya.
                  “Di warnét mana tinggaleunana?”
                  Uing ngabetem bari sirah asa muter da terus néangan akal.
                  “Jawab, siah, di warnét mana? Mun éta keretas teu kapanggih, manéh
            moal bisa balik!”

                  “Laan  atuh  euy  bekemanana,  da  moal  bisaeun  ngomong  atuh  ari
            biwirna ditutupan mah!” cék nu nyupiran.
                  “Aéh, heueuh!”
                  Uing  rénghap  ranjug.  Mani  asa  tas  lulumpatan,  eungap  pisan
            dibekem satarikna.
                  “Di warnet mana?”
                  “Di jalan Basajan!” dina pikiran uing, asana di Jalan Basajan deukeut
            kontrakan Ema baheula aya warnét.

                  “Di mana éta téh?”
                  “Teu terang jalanna ti dieu mah. Kedah kana angkot!”
                  “Heueuh lebah mana?”
                  “Geus teu kudu ditanya deui, Mid. Déwék nyaho Jalan Basajan mah,
            asana deukeut statsion. Sok silaing pindah ka hareup diukna.”

                  Sajeroning  dina  mobil,  uing  ngadégdég.  Reuwas  jeung  bingung
            kudu kumaha. Kacipta mun éta keretas henteu kabikeun téh uing moal
            dileupaskeun. Sajajalan uing ngadéngékeun obrolan nu duaan.

                  “Kumaha mun éta keretas kabaca ku nu sejen?” cék lalaki nu tadi
            ngabekem uing.
                  “Wah, keun bae, da moal ngartieun. Nu bisa maca éta surat ngan
            ukur Jang Wandi.”
                    “Pinter geuning Jang Wandi téh?”
                    “Puguh waé atuh, da lulusan jurusan komputer. Jeung tara poho
            ka urang deui budak téh…”

                                                                                       75
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   80   81   82   83   84   85   86   87   88   89   90