Page 86 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 86

“Tara poho kumaha?”
               “Pan sok méré pesenan geuning. Unggal mangmacakeun éta surat,
          Jang Wandi sok diburuhan ku Bu Ening 20 juta. Urang gé sok kabagéan
          geuning. Mangkaning geus aya sapuluhna suratna téh. Nu ayeuna mah
          pasti leuwih gedé, lantaran surat panungtung….”

               “Naha bet surat panungtung?”
               “Apan Pa Sukaya téh geus maot… Piraku bisa kénéh nyieun surat?”
               “Euy, enya. Jeung Pasti sagala rupana aya dina surat panungtung.”
               “Nya kitu, nu matak penting pisan. Urang gé bakal meunang buruh
          nu rada gedé sigana mun hasil téh.”
               “Ké ari Si Sudira kumahakeun? Pan ayeuna dikerem kéneh di imah
          Bu Ening…”

               “Cék Bu Ening kieu cenah. Mun éta surat geus karawatan ku urang,
          Si Sudira mah sina balik ka lemburna. Bahanan ongkos wé….”

               “Heueuh, belegug atuh da Si Sudira mah. Coba mun biluk ka Bu
          Ening, meureun moal dikukumaha, jeung bakal disenangkeun deuih….”
               “Jelema nu teu nyaho untung nu kitu téh. Ngajauhan pirejekieun.
          Aéh naha bet puputeran ieu téh, asa teu nepi-nepi ka Jalan Basajan?” cék
          nu nyupiran.

               Uing mah ngahéphép di tukang bari ngadéngékeun nu ngawangkong.
          Tapi teu nyaho naon maksudna nu diobrolkeun ku maranéhna téh.

               “Beulah mana warnétna?” nu gigireun supir ngalieuk ka tukang.
               “Muhun, di Jalan Basajan!”
               “Heueuh lebah mana, geuning teu nepi-nepi?”
               “Teu terang ti dieu mah…”
               “Ké urang nanyakeun euy…”
               Lebah  lampu  setopan,  mobil  eureun.  Nu  nyupiran  tatanya  ka  nu
          tumpak motor, nu kabeneran ngarandeg ngaréndéng jeung mobil.
               “Geus jauh cenah euy, tadi kaliwat. Da silaing tuda ngajak ngobrol
          waé.”
                 “Ari sugan di dinya nyaho tempatna…”
                 “Duh,  jaba  macét  deuih.  Bakal  lila  ieu  mah,  da  kudu  muter
          heula…”


            76                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       77

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   81   82   83   84   85   86   87   88   89   90   91