Page 87 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 87

Teuing meunang sabaraha jam uing dibawa ka nu mobil téh.. Da teu
            kanyahoan geus burit. Tapi teu burung nepi ka Jalan Basajan. Reg lebah
            warnét.
                  “Jung bawa heula amplopna!” cék nu tadi ngabekem.
                  “Baturan  atuh,  Mid.  Bisi  kabur!  Tapi  tong  nyirikeun,  bisi  aya  nu
            curigaeun.”
                  Uing  diturunkeun  tina  mobil,  dibawa  ka  lebah  warnét.  Manéhna
            ngadagoan di lawang, teu milu asup.

                  Uing bingung kudu kumaha. Da tadi gé nyebut di warnét sotéh téh pan
            lantaran geumpeur. Sangeus ngahuleng sakedapan, uing nyampeurkeun
            ka awéwé nu keur tunggu warnét.

                  “Téh, badé ngeprint!”
                  “Mangga. Ngeprint naon, mana file-na?”
                  “Teu nyandak, badé ngetik heula.”
                  “Di komputer itu atuh badé ngeprint mah.”
                  “Da moal lami, Téh. Punten wé pangetikkeun wé.”
                  “Seueur?”
                  “Henteu….mung dua angka!”

                  Uing tuluy nitah ngetik angka 1 jeung 0, susunanana sakainget, nepi
            ka pinuh sakaca. Henteu lila, da disalin-témpél, jadi ngetik salambar téh
            henteu samenit-menit acan.
                  Sanggeus diprint, uing ménta amplop. Béh teu kaciri keretas anyar,
            ku uing keretas téh dirames heula nepi ka risek. geus kitu diamplopan.
            Duit keur motokopi téa dipaké mayar. bakat ku rusuh, nepi ka poho teu
            ménta pamulanganana.

                  Uing dibawa deui kana mobil.
                  “Sok buka heula amplopna!”
                  Amplop dibuka ku nu tadi nganteur ka warnét.
                  “Ieu lain?”
                  “Enya  sigana  mah,  da  ceuk  Bu  Ening  gé  suratna  téh  eusina  ukur
            angka 1 jeung 0”
                  “Kumaha ieu téh macana? Mani matak jangar nénjona.”
                  “Teuing atuh da urang mah lain ahlina.”
                  “Hayu atuh bisi kaburu peuting!”

                                                                                       77
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   82   83   84   85   86   87   88   89   90   91   92