Page 88 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 88

“Éta budak turunkeun heula! Geus teu butuh ayeuna mah!”
               Uing sina turun. Geus kitu mobil ngadius.

               Meunang sakedapan mah uing ngajanteng sisi jalan. Mani asa leupas
          ti kandang macan. Reuwas kareureuhnakeun.

               Lantaran dina saku euweuh duit, uing tuluy leumpang. Nu dijugjug
          téh sakola, rék mawa keretas nu nyelap di WC téa. Ti Jalan Basajan ka
          sakola téh pan kacida jauhna. Jadi uing kakara nepi jam salapan peuting.

               Tadina mah aya niat kieu. Uing rék lah-lahan ménta tulung ka nu
          mawa  hapé,  nu  pasarandog  di  jalan.  Ngan  uing  teu  apal  nomer  Rina,
          Anis, atawa Diran. Jadi wéh nikreuh leumpang.
               Untungna téh keretas nu tinggaleun di WC aya kénéh. Ti dinya uing
          tuluy ngajugjug ka imah Diran. Kakara nepi jam sapuluh peuting. Bisi
          Ema deudeupeun, Diran sina nelepon ka tatangga uing, titip pesen yén
          uing salamet.

                        ………



                                                   (Sempalan tina novel Rasiah Kodeu Binér,
                                                                  karangan Dadan Sutisna)


          B.   Maham Eusi Sempalan Novel



                                               Wacana  di  luhur  téh  sempalan  tina
                                         novel  Rasiah  Kodeu  Binér.  Tangtu  hidep
                                         panasaran nya, hayang maca sagemblengna.
                                         Hadé  pisan  upama  hidep  maca  éta  novel.
                                         Bisa néangan novelna di perpustakaan atawa
                                         meuli  ka  toko  buku.  Sok  sanajan  ayeuna
                                         kakara maca sempalanana, hidep bisa ngira-
                                         ngira  kumaha  matak  resepna  lamun  maca
                                         éta novel nepi ka tamat. Sabada tadi maca
                                         sempalanana,  tangtu  hidep  paham  sarta
                                         bisa  ngajawab  ieu  pertanyaan-pertanyaan
                                         di handap.

            78                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       79

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   83   84   85   86   87   88   89   90   91   92   93