Page 112 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 112

d.    Masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin.
                  Kacap pituin ngabogaan harti tulén atawa asli.
                  Larapna dina kalimah:
                  1)   Kang Adang téh pituin urang Sunda.
                  2)   Bu Téti teureuh Ciamis pituin.
            e.    Jadi moal pacorok pangaboga.
                  Kecap pacorok ngabogaan harti paselang atawa pacampur.
                  Larapna dina kalimah:
                  1)   Ari gawé ulah sok pacorok kokod, moal bener hasilna.
                  2)    Tangkal awi mani pacorok rékép pisan.


                                                Latihan:
                  Sangkan hidep leuwih paham kana harti-harti kecap séjénna anu aya
            dina bahasan, pék jieun kalimah ngagunakeun kecap ieu di handap!

            1.    Ka kota teu jauh teuing jiga baheula basa kota kabupaténna di Cisaat
                  kénéh.
                   Basa dina éta kalimah hartina waktu atawa eukeur.
                   Larapna dina kalimah:
                  1)    _____________
                  2)    _____________
            2.    Wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh.
                  Wangunan hartina modél atawa bentuk.
                  Larapna dina kalimah:
                  1)     _________________
                  2)     _________________
            3.    Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula kana golodog.
                   Unggah hartina hanjat
                   Larapna dina kalimah:
                  1)    ________________
                  2)    ________________
                   Golodog hartina kai gedé atawa batu anu ditunda handapeun panto
                  paranti asup ka imah, pikeun tétécéan lamun rék hanjat ka imah.
                  Larapna dina kalimah:
                  1)    ________________
                  2)    ________________




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   101
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   107   108   109   110   111   112   113   114   115   116   117