Page 113 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 113

4.    Biasana dijejeran ku sesepuh lembur.
                 Dijejeran hartina dikokojoan, diluluguan, atawa dipingpin.
                 Larapna dina kalimah:
               1)     ________________
               2)     ________________
          5.    Anu béda ti batur, dina upacara tatanén.
                 Tatanén hartina tani, pepelakan anu jenisna paré atawa palawija.
                 Larapna dina kalimah:
               1)    _____________
               2)    _____________



          C.   Nulis Bahasan

               Sabada hidep niténan bahasan Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar,
          tangtu hidep geus boga gambaran nu kumaha anu disebut bahasan téh.
          Pikeun ngalancarkeun nulis, hayu urang diajar nulis bahasan anu basajan
          baé  heula,  anu  pakta-paktana  aya  sabudeureun  diri  hidep.    Sangkan
          tulisan henteu ka mana karep, hadéna méméh tret nulis téh susun heula
          rangkay karanganana atawa pikiran utama anu jadi jejer dina hiji alinéa.
          Upamana hidep bakal nulis bahasan ngeunaan “Pentingna Ngamumulé
          Basa  Indung”.  Tulisanna  dina  wangun  déduksi  atawa  nulis  nu  hal-hal
          anu umum heula tuluy kana hal-hal anu leuwih husus.

          1.    Rangkay karangan
               a.    Naon anu dimaksud basa indung  (bagian bubuka)
               b.    Basa indung naon waé anu aya di Jawa Barat (bagian bubuka)
               c.    Kumaha kaayaan basa indung panggedéna (basa Sunda) kiwari
                     (bagian eusi)
               d.   Naon sababna barudak ayeuna embung ngagunakeun basa
                        Indung (bagian eusi)
               e.    Kumaha  carana  sangkan  barudak  ayeuna  daék  maké  basa
                     indung (bagian eusi)
               f.    Naon  pentingna  ngamumulé  basa  indung  téh  (bagian
                     panutup)
          2.    Sabada rangkay  karanganana nyusun,  kakara  mimitian  nulis.  Hiji
               poko pikiran anu disusun tadi, bisa ditulis dina hiji atawa leuwih


            102                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   108   109   110   111   112   113   114   115   116   117   118