Page 115 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 115

4.    Saha anu salah? Tangtu baé kolot, pangpangna indung, anu teu daék
               ngajarkeun  basana.  Padahal  basa  téh  cicirén  bangsa.  Rék  kumaha
               ngaku  urang  Sunda,  lamun  nyarita  ku  basana  ogé  teu  bisa.  Loba
               anu ngarasa éra atawa géngsi nyarita ku basa Sunda. Rasa éra éta
               téh sabenerna  “warisan” ti indungna langsung. Enya apan indung
               anu teu daék ngajarkeun basa Sunda ka anakna téh lantaran ngarasa
               éra,  sieun  anakna  disebut  teu  gaul  atawa  disebut  kampungan  ku
               tatangga  jeung  babaturanana.  Rasa  éra  éta  téh  tuluy  kawariskeun
               ka anak-anakna, nepi ka ngadarah ngadaging, antukna cul waé basa
               Sunda téh ditinggalkeun, embung maraké.
          5.    Tah, kolot anu teu daék ngajarkeun basa Sunda ka anakna, atawa
               budak  turunan  Sunda  anu  ngarasa  éra  maké  basa  Sunda,  éta
               cirining jelema anu henteu pédé (percaya diri) kana kaayaan jeung
               kamampuh  dirina  sorangan.  Ngarasa  dirina  bodo  jeung  harkatna
               leuwih handap ti batur,  nu matak nahap-nahapkeun manéh hayang
               disebut ngota jeung gaul, nepi ka mopohokeun jati dirina sorangan.
               Padahal  lamun  ngarasa  pinter,  loba  kabisa,  jeung  luhur  ajén  diri
               mah, moal ieuh sieun disebut teu gaul atawa kampungan, da batur
               ogé ningali,  najan  nyarita  ku basa  Sunda tapi  pinter  dina  widang
               séjén sarta loba kabisana.
          6.    Ku  kituna,  lamun  urang  hayang  diajénan  ku  batur,  urang  kudu
               wani némbongkeun jati diri sorangan. Teu kudu ditutup-tutup, tapi
               témbongkeun  bari  dibarengan  ku  tuluy-tumuluy  ngaronjatkeun
               kualitas diri sangkan punjul ti batur, nepi ka taya nu wani moyok
               sanajan teu weléh nyarita ku basa Sunda. Basa indung kudu jadi jati
               diri hiji pribadi anu mibogana. Indung kudu daék ngajarkeun basa
               Sunda ka anakna, barudak Sunda kudu daék maké basana, sangkan
               henteu kaleungitan idéntitas budayana.


                                             Latihan
               Sabada tadi dituyun nulis bahasan, pék ayeuna lengkepan ku hidep
          bahasan di handap!

          1.    Témana ngeunaan Basa Sunda
          2.    Judulna : Pangajaran Basa Sunda di Sakola





            104                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   110   111   112   113   114   115   116   117   118   119   120