Page 114 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 114

alinéa. Hartina bisa dua atawa tilu alinéa. Teu kudu kawatesanan
                  hiji waé. Lamun sakirana perlu ngajelaskeun nu leuwih jéntré, bisa
                  baé ditambahan. Ngan inget, tulisanna teu meunang ngalantur ka
                  mana karep, kudu angger ngaleunjeur dina jejer anu poko. Geura
                  urang mimitian nulis:

                                Pentingna Ngamumulé Basa Indung



            1.    Basa  indung  téh  mun  istilah  asingna  mah  mother  tangue.  Saprak
                  UNESCO netepkeun poé miéling basa indung  tanggal 21 Pebruari,
                  basa  indung  téh  unggal  taun  dipiéling  ku  masarakat  sadunya.
                  Unggal bangsa, tangtu ngabogaan basa indung. Ari anu dimaksud
                  basa indung téh basa anu mimiti diajarkeun ku indung ka anakna
                  luyu jeung sélér bangsana. Upamana, urang Sunda basa indungna
                  basa Sunda, urang Batak basa indungna basa Batak, urang Padang,
                  Papua,  Acéh,  Jawa,  Bugis,  Batawi,  Cirebon,  jsb.  ngabogaan  basa
                  indung  anu  béda-béda  luyu  jeung  sélér  bangsana.  Éta  kakara  di
                  wilayah  Indonésia,  di  sakuliah  dunya  leuwih  rupa-rupa  deui,  da
                  unggal nagara boga basa indungna séwang-séwangan.
            2.    Di Jawa Barat, aya tilu basa indung anu kaasup badag. Di wilayah
                  panglegana aya basa Sunda, di wilayah Cirebon aya basa Cirebon,
                  jeung di wilayah Bekasi aya basa Batawi. Tapi anu ngumbara di tanah
                  Sunda ogé, modél urang Padang, urang Batak, urang Jawa, jsb. ka
                  tanah Sundana téh mawa basa indungna sorangan, najan dipakéna
                  ngan di lingkungan maranéhna wungkul ogé.
            3.    Husus ngeunaan basa Sunda, geus loba nu manghariwangkeun sieun
                  tumpur,  lantaran  cenah  unggal  taun  panyaturna  (nu  nyarita  basa
                  Sunda) beuki ngurangan baé. Teu saeutik  barudak turunan Sunda
                  pituin, ti barang diajar nyarita, ku indungna téh teu diajarkeun basa
                  Sunda, tapi langsung basa Indonésia. Padahal, indung bapana pituin
                  urang Sunda sarta bisa nyarita ku basa Sunda. Atuh pagegedéanana
                  ogé  budak  téh  teu  biasa  nyarita  ku  basa  Sunda.  Najan  dina  gaul
                  sok bareng jeung nu nyarita ku basa Sunda, tapi angger teu lancar
                  nyaritana,  da  teu  biasa  téa.  Nu  matak,  pangajaran  basa  Sunda  di
                  sakola téh kaasup pangajaran anu hésé, malah cenah leuwih hésé
                  batan diajar basa Inggris.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   103
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   109   110   111   112   113   114   115   116   117   118   119