Page 117 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 117

d.   Henteu sakabéh siswa resep diajar basa Sunda, da cenah hésé
                     pisan, leuwih hésé batan basa Inggris. Komo da loba siswa anu
                     di imahna teu diajarkeun nyarita ku basa Sunda. Ku kituna, __
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
               e.    Rupa-rupa  tarékah  anu  dilaksanakeun,  boh  ku  guru  boh  ku
                     pamaréntah, sangkan barudak ayeuna daék maké basa Sunda.
                     Di antarana waé ________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
               f.    Loba  anu  teu  apal,  naon  mangpaatna  diajar  basa  Sunda  téh.
                     Padahal kacida lobana. Lantaran diajar basa Sunda, urang bisa
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________
                     _______________________________________________________


          D.   Niténan Bahasan

          1.  Hajat Babarit


               Wacana  di  handap  dibaca  jeung  dititénan  ku  kelompok  hiji  jeung
          kelompok dua. Tuluy engké jawab pertanyaanana!

                                         Hajat Babarit

               Urang  Sunda  mah  kasohor  loba  adat  kabiasaan  warisan
          parakaruhunna.  Najan  dina  pajamanan  anu  geus  sakieu  modérenna,
          di  sawatara  lembur  di  pasisian,  masarakatna  masih  loba  anu  nyekel
          pageuh  éta kabiasaan sarta tangtu baé dipigawé dina waktu-waktu anu
          geus ditangtukeun. Aya nu ngan sakadar keur kapentingan ngamumulé
          budaya, aya nu keur pintonkeuneun ka masarakat luareun lemburna, aya
          ogé nu mémang dibarengan ku kayakinan yén éta kabiasaan téh kudu
          dipigawé lantaran lamun teu dipigawé bisi aya mamalana ka saréréa.

            106                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   112   113   114   115   116   117   118   119   120   121   122