Page 118 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 118

Upamana dina tatanén. Ti mimiti melak paré nepi ka dibuatna, sok
            diayakeun heula upacara atawa hajat. Geura ti mimiti hajat mitembeyan
            melak atawa tandur, hajat mitembeyan dibuat, hajat nganyaran (mimiti
            nyangu  béas  meunang  dibuat),  hajat  ngadiukkeun  paré  (ngampihkeun
            paré ka goah), jeung hajat ngahudangkeun (ngagunakeun béas anu geus
            diampihkeun keur kaperluan séjénna). Kitu deui dina salametan budak,
            ti mimiti dikandung opat bulan, tujuh bulan, nepi ka  nurunkeun dina
            waktu umur budak nu dilahirkeun geus opat puluh poé, pasti dihajatan
            waé. Luareun ti éta, sok aya nu disebut hajat mulud, hajat ngaruat, jeung
            hajat wawar atawa nu sok disebut hajat babarit téa.
                  Hajat babarit, diayakeun dina diperlukeun wungkul. Teu kudu matok
            taun  jeung  bulanna  mah.  Dina  sataun  bisa  leuwih  ti  sakali  diayakeun,
            gumantung  kana  pangabutuh  masarakatna.  Ngan  nu  penting  kudu
            peutingan Juma’ah kaliwon dina itungan Jawa.

                  Nu dimaksud kumaha pangabutuh masarakat téh, hajatna diayakeun
            mun  di  lembur  geus  aya  musibah  gedé,  boh  keuna  ka  salahsaurang
            pangeusi lembur boh keuna ka saréréa. Upamana, aya nu imahna kaasupan
            bangsat, aya nu kahuruan, aya nu kacaahan, loba nu gering ripuh, loba nu
            maot pauntuy-untuy, panén anu gagal lantaran hama (ieu mah keunana
            ka saréréa), jsb.  Cindekna mah hajat babarit téh ditujukeun pikeun nolak
            balai atawa nyingkahan musibah.

                  Dina  prak-prakanana,  hajat  babarit  diayakeun  méméh  dur  bedug
            magrib.  Najan  kudu  peutingan  Jumaah  kaliwon,  tara  dilaksanakeun
            peuting, tapi Kemis soré mangsa sareupna. Diayakeunna kudu di tengah-
            tengah parapatan jalan anu jadi jalan utama di éta lembur.
                  Sakumna warga, kudu nyongcot. Ari keur kaperluan nyuguh mah
            urunan saméméhna, aya nu ku duit aya nu ku béas urunanana mah. Gedéna
            ogé  teu  ditangtukeun,  saridona  waé.  Tah  duit  ladang  urunan  dipaké
            meuli  kaperluan  nyuguh  ka  karuhun  sapuratina.  Ti  mimiti  “rujakeun”
            (kembang  rampé),  nyieun  bubur  beureum  bubur  bodas,  bungbuahan
            tujuh rupa, beubeutian tujuh rupa,  dahareun tradisional modél apem,
            peuyeum  tujuh  rupa,  roko  upet,  rupa-rupa  inuman  ti  mimiti  kopi  pait
            nepi ka cai entéh, nepi ka bungbu dapur jeung beuleum pépéték. Geus
            puguheun bangsaning menyan mah, kasebutna ogé barang anu sipatna
            wajib aya, éta mah.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   107
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   113   114   115   116   117   118   119   120   121   122   123