Page 119 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 119

Tah  pasosoré  téh
                                                               susuguh        sapuratina
                                                               geus      ngabarak      di
                                                               tengah jalan, persis dina
                                                               parapatanana.        Biasa
                                                               ngampar samak sagala.
                                                               Menyan       ngelun      ti
                                                               tengah-tengah susuguh.
                                                               Susuguh téh dipapaésan
                                                               ku  tangkal  tiwu  ka
                                                               pucukna, daun kawung,
                                                               daun     kalapa,    atawa
                                                               tangkal hanjuang, sarua
                                                               kapucukna.      Engkéna,
                                                               éta    tatangkalan     téh
                                                               dicecebkeun  di  tempat
          Sumber:commons.wikimedia.org
                                                               anu  kamusibahan  téa.
          Mun nu dihajatanna sawah, nya dicecebkeunna ogé di sawah.
               Sanggeus “susuguh”  ngabérés diriung ku bapa-bapa jeung kokolot
          lembur, jul-jol ibu-ibu marawa congcot sabakina-sabakina. Tuluy ditunda
          ngurilingan  susuguh  nu  geus  nyampak  téa.  Mun  sakabéh  imah  geus
          ngirimkeun congcotna, kakara hajat dimimitian. Biasa baé, dimimitian ku
          rajah ka parakaruhun, ka dituna disambung ku do’a-do’a nu dicampur
          antara  ka  karuhun  sareng  ka  Gusti  Allah  nu  Murbéng  Alam.  Do’ana
          digalantangkeun. Sabot kokolot ngado’a, nu séjén niupan menyan sangkan
          tuluy  ngelun.  Panjang  pisan  do’a  téh  sarta  ditungtungan  ku  pertobat
          sangkan ulah aya musibah deui keuna ka sakumna warga lembur.

               Nu  resepna  mah,  mun  do’a  jeung  pertobat  réngsé.  Saréréa  nu
          ngariung, kaasup ibu-ibu nu najan teu milu ngariung ogé tapi  caricingna

          teu jauh tina riungan, parebut dahareun anu ngabayak. Loba nu patukeur-
          tukeur congcot jeung deungeunna. Tuluy dalahar balakécrakan di dinya
          nepi ka dur bedug magrib. Malah kalan-kalan mah, bedug magrib- bedug

          magrib, nu balakécrakan jongjon nepi ka anggeus. Mun nyésa, dahareun
          téh dibawara ka imahna séwang-séwangan.  Ari susuguh keur karuhun
          mah sok dipérénan ku kokolot, duka di kamanakeun.

            108                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   114   115   116   117   118   119   120   121   122   123   124