Page 120 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 120

Kagiatan Kelompok



              a.    Sangkan leuwih paham kana eusi wacana,  pék jawab pananya di
                    handap!
                    1.  Naon jejer/téma bacaan di luhur?
                    2.  Di mana waé diayakeunna hajat babarit téh?
                    3.  Naha waktuna teu ditangtukeun?
                    4.  Wayah kumaha diayakeunana?
                    5.  Naon waé susuguh anu kudu aya dina hajat babarit?
                    6.  Mun aya kajadian naon waé diayakeunna hajat babarit téh?
                    7.  Naon tujuan diayakeunna hajat babarit téh?
                    8.  Saha waé anu milu ngariung dina waktuna hajat?
                    9.  Caritakeun kumaha prak-prakanna hajat babarit!
                    10. Mun geus bérés pertobat, naon waé anu dipigawé ku urang
                        lembur?


              b.    Pék pigawé babarengan!
                    1.   Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  tuluy  téangan
                        hartinadina kamus. Geus kitu larapkeun kana kalimah!
                    2.   Sebutkeun poko pikiran anu aya dina unggal alinéa!
                    3.   Tangtukeun mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup!
                    4.   Tangtukeun jenis tulisanna, naha narasi, déskripsi, eksposisi,
                        arguméntasi, atawa gabungan tina sababaraha jenis tulisan.
                        Lamun gabungan, sebutkeun naon waé!
                    5.   Tangtukeun  wanda  tulisanna,  naha  induksi  naha  déduksi.
                        Sebutkeun alesanana!
                    6.   Caritakeun  deui  eusi  wacana  di  luhur  maké  basa  hidep
                        sorangan!






            2.  Dogér Kontrak


                  Wacana  ieu mah husus dibaca jeung  dititénan ku kelompok tilu
            jeung kelompok  opat. Tuluy jawab pertanyaanana!




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   109
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   115   116   117   118   119   120   121   122   123   124   125