Page 122 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 122

leuwih subur batan di lemah caina sorangan. Geus aya pangakuan ti batur
            kitu  mah,  geus  teu  kudu  didaptarkeun  ka  lembaga  anu  nangtayungan
            hak cipta sagala, da geus pasti bakal dianggap jadi hak milikna. Jadi seni
            urang téh keur ngeureuyeuh dipaling sacara lemes, bari jeung nu bogana
            teu sadareun. Eling-éling ké mun geus bener-bener jadi banda batur.
                  Eta  mah  conto  gedéna.  Conto  leutikna,  di  daérah-daérah  di  Jawa
            Barat, geus loba kasenian anu maluguran. Upamana di kabupatén Subang.
            Baheula, aya kasenian anu sohor pisan, disebutna Dogér Kontrak.  Ieu
            kasenian  tumuwuh  subur  dina  jaman  perkebunan  kontrak  keur  jaya-
            jayana di Kabupatén Subang.

                  Nu matak dingaranan Dogér Kontrak téh lantaran grup kasenianna
            sok ngamén ka kontrak-kontrak perkebunan. Asalna mah anu dihiburna
            ukur kalangan kuli-kuli perkebunan. Nu kaasup jalma pangkat téh paling
            ogé mandorna. Tapi lila-lila mah ieu kasenian téh dipikaresep ku tuan-
            tuan Walanda. Tah sabada dipintonkeun hareupeun tuan-tuan Walanda,
            ieu kasenian téh “dikemas” deui jadi tontonan nu leuwih narik ati, boh
            tina gerak tari boh tina pakéan (kostum).

                  Saprak merdéka sarta perkebunan teu dikawasa deui ku tuan-tuan
            Walanda, ieu kasenian téh tetep nanjung. Ditanggapna teu ngan saukur
            di perkebunan deui, tapi geus mimiti ditanggap ku masarakat dina acara-
            acara husus. Nu lalajona geus mimiti nyebar ti mimiti pangagung nepi
            ka  kalangan  rayat  biasa.  Tapi  kabéhdieunakeun,  duka  pangaruh  naon,

            ieu kasenian téh mimiti pareum sarta carang nu nanggap deui. Bisa jadi
            lantaran  aya  dogér  téa,  dianggap  ngandung  unsur  negatip  nu  kurang
            luyu jeung ajén moral masarakat.

                  Ieu pintonan nu dipaénkeun ku paling saeutik genep belas urang téh,
            kaasup nu tari jeung pangrawit (nayaga),  dibuka ku ngahaleuangkeun
            lagu Kembang Gadung. Réngsé lagu, paradogér asup kana kalang, ngibing
            diluluguan ku primadonana. Ditengah kalang ditancebkeun oncor keur
            nyaangan nu ngibing. Jadi, anu ngibing téh ngurilingan oncor. Paradogér
            ngibing  dina  gerak  tari  keurseus  dipirig  lagu  Banjar  Sinom.  Ti  dinya
            robah kana gerak tari ketuk tilu sarta dipirig ku lagu Sulanjana. Tah dina

            ibinganna ogé teu asal réngkénék, tapi aya aturan-aturan anu tangtu.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   111
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   117   118   119   120   121   122   123   124   125   126   127