Page 121 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 121

Dogér Kontrak



               Singhoréng, lain basa wungkul anu nungtutan laleungit téh. Kasenian
          ogé, geus loba anu hirup teu neut paéh teu hos. Malah anu tumpur gé, lain
          saeutik. Jigana, keur Indonésia, anu beunghar ku seni budaya, leungitna
          hiji dua kasenian téh moal pati karasa, da loba téa. Tapi ari ku masarakat
          anu sapopoéna kungsi pagilinggisik jeung kasenianana mah, pasti bakal
          karasa  pisan  leungitna  téh. Aya  sababaraha  sabab,  nu  ngabalukarkeun
          leungitna seni budaya téh. Loba malah. Ngan nu gedé pangaruhna mah
          nya  tangtu  baé  lantaran  éta  kasenian  téh  langka  ditanggap  hareupeun
          umum jeung teu diwariskeun ka entragan sapandeurieunana.

               Leuheung mun aya nu “maling”, da pasti kanyahoan ari kangaranan
          maling seni jeung budaya mah. Saréréa bisa milu narékahan sangkan éta
          seni budaya bolay dipalingna. Contona waé, hasil seni budaya urang nu
          “dipaling” ku Malaysia, pan bisa diuruskeun ku pamaréntah sangkan teu
          jadi dipimilik ku batur. Tapi ari nu nungtut leungit ku sorangan mah, hésé
          dicegahna, lantaran prosésna biasana teu kanyahoan. Nu kaleungitanna
          teu sadar yén aya hasil seni budayana anu leungit.
               Tapi  kétah,  nu  maling  jaman  ayeuna  mah  da  palinter.  Geuning
          Malaysia  ogé,  sanggeus  diprotés  ku  bangsa  urang  lantaran  ngadaptar-
          daptarkeun seni budaya urang jadi hak milikna, ayeuna mah maling senina
          téh teu ngaliwatan daptar sacara légal, tapi ku cara nu kacida lemesna.
          Upamana, ayeuna ceuk nu kungsi ka ditu, di Malaysia kasenian degung
          jeung angklung geus wajib diajarkeun di sakola-sakola ti mimiti SD nepi
          ka SMA. Sedeng di nagara urang, dalah di Jawa Barat anu ngabogaan éta
          kasenian, teu singna aya kawajiban ngajarkeun. Ampir sakabéh siswa ti
          mimiti SD, SMP, nepi ka SMA, nu kungsi ditanya nyebutkeun saumur
          hirupna can kungsi nyabak angklung. Waditra degung onaman kungsi
          nempo-nempo  waé  mah.  Sok  padahal  angklung  téh  banda  budayana
          sorangan.  Kilangbara  atuh  pamaréntah  nyadiakeun  alatna  ngabagi  ka
          sakola-sakola, atuh nitah-nitah wéh. Pan ieu mah henteu.

               Bisa  jadi,  hiji  waktu  jaga,    barudak  ngora  urang  Malaysia  leuwih
          palinter  maén  degung  jeung  angklung,  tibatan  barudak  ngora  di  Jawa
          Barat.  Teu munasabah mun hiji waktu mah seni degung jeung angklung
          téh dianggap seni bogana urang Malaysia, lantaran di ditu tumuwuhna


            110                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   116   117   118   119   120   121   122   123   124   125   126