Page 161 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 161

“Enya,  ti  mimiti  isuk  mah  rék  ka  jalan  Otista  wé,  kajeun  rada
          nguriling,” waler Bapa.
               “Naha moal waka diangkut kitu, runtah téh?” Mamah naros.

               “Wah,  duka  iraha  diangkutna,  apan  pamiceunan  runtahna  gé  can
          aya nepi ka ayeuna gé,” waler Bapa.

               “Naha meni dugi ka numpuk  kitu runtah téh nya Pa? Naha henteu
          diduruk waé?” ceuk kuring ngarasa héran.

               “Di duruk gé moal teurak, da runtahna baseuh,” waler Bapa.
               “Eta tuda ari miceun runtah téh sok padu bra-bru waé, tara dipisah-
          keun runtah baseuh jeung jeung runtah garing téh,” ceuk Mamah bari
          ngaléos ka jero imah. Teu lila Bapa jeung kuring ogé nuturkeun asup ka
          jero imah.

               Isukna, jeung saterusna ari indit jeung mulang ti kantor téh, cenah,
          Bapa tara ngaliwat ka Pasar Antay.

               Enya  wé  ari  teu  ngaliwat  ka  dinya  mah  teu  bau  deui  bangké  di
          imah téh. Ngaliwat-ngaliwat deui ka Pasar Antay téh sanggeus aya kana
          sabulanna, sabada runtah nu tingtalambru diangkutan ku mobil ti Dinas
          Kebersihan Kota. Ayeuna mah, cenah, geus aya pamiceunan runtah téh,
          di daérah Padalarang.
                                          (Dicutat tina Manglé alit no. 1108-6-12 Maret 2008)


          1.   Sangkan hidep leuwih paham kana eusi carita pondok di luhur, hayu
               urang pesék deui eusina babarengan.
               a.    Galur  ieu  carita  téh  nyaéta  nyaritakeun  Tatan  nu  geus
                     sababaraha  poé  ngambeu  bau  bangké  di  imahna.  Sanggeus
                     ditéangan, singhoréng lain bau bangké, tapi bau tina runtah
                     ti Pasay Antay anu kagéléng ku ban mobil bapana sarta bauna
                     kabawa ka imah. Sanggeus bapana teu ngaliwat ka Pasar Antay
                     mah bau bangké téh leungit.
               b.    Anu jadi palaku utama dina ieu carita pondok téh nyaéta Tatan.
                     Palaku panambahna Bapana jeung Mamahna.
               c.    Watek  Tatan  téh  apik  sarta  berséka.  Daékan  deuih,  teu  hésé
                     nitah.



            150                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   156   157   158   159   160   161   162   163   164   165   166