Page 162 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 162

d.    Ieu carita lumangsung di imahna Tatan.
                  e.    Témana ngeunaan miara kabersihan lingkungan.
                  f.    Amanatna  nyaéta kudu getol ngajaga kabersihan lingkungan,
                        pangpangna di tempat umum, lantaran balukarna bisa karasa
                        ku saréréa.
            2.    Kecap anu dibalikan deui dina ieu carpon
                  Sabada  maca  gemet  eusi  carita  pondok  “Runtah”,  katangén  aya
                  sababaraha kecap anu nyebutna dibalikan deui, boh dibalikan deui
                  sagemblengna  boh  dibalikan  deui  bari  diréka  tina  kecap  asalna.
                  Maksudna  pikeun  némbongkeun  kaayaan  atawa  kalakuan  anu
                  kajadian atawa dipigawéna mindeng atawa  tuluy-tumuluy. Geura
                  urang cutat:
                  a.    Geus  sababaraha  poé  di  imah  téh  huluwar-hiliwir  waé  bau
                        bangké.
                        Kecap  huluwar-hiliwir  asal  kecapna  hiliwir  ngandung  harti
                        lamun geus dirarangkénan atawa dirajék. Upamana ngahiliwir
                        anu  harti-na niup lalaunan, biasana angin leutik. Éta kecap téh
                        dirajék (disebut dua kali) bari jeung aya anu dirobah kecapna.
                        Disebutna  rajékan  dwiréka.  Huluwar-hiliwir  maksudna  remen
                        ngahiliwirna.
                  b.    Ulak-ilik  kana  handapeun  bupét,  bisi  aya  bugang  beurit,  teu
                        aya nanaon.
                        Kecap  ulak-ilik  asalna  ilik  ngandung  harti  mun  geus
                        dirarangkénan atawa dirajék. Upamana ngilikan anu hartina
                        ningalian kalawan taliti. Sarua kecap ieu gé dirajék dua kali
                        bari jeung dirobah kecapna (dwiréka).
                        Ulak-ilik hartina nénjo ka ditu ka dieu saliwat-saliwat.
                  c.    Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekem-bangan...
                        Kecap kurah-koréh asalna tina kecap koréh, ngandung harti mun
                        geus  dirarangkénan  atawa  dirajék.  Upamana  ngoréh  hartina
                        nyakaran taneuh néangan hakaneun. Sarua dirajék dua kali bari
                        jeung dirobah kecapna (dwiréka). Kurah-koréh hartina mukaan
                        lomari atawa ngungkab-ngungkabkeun runtah lantaran aya nu
                        ditéangan.
                  d.    Ceuk  kuring  ka  Mamah  anu  keur  anteng  kaprak-keprek  di
                        dapur.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   151
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   157   158   159   160   161   162   163   164   165   166   167