Page 163 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 163

Kecap  kaprak-keprek  téh  asal  kecapna  keprek,  tapi  ieu  kecap
                     ngabogaan harti lamun dihijikeun jeung kecap séjén. Kaprak-
                     keprek  téh  migawé  pagawéan  anu  tuluy-tumuluy  atawa  teu
                     eureun-eureun. Kaasup kana kecap rajékan dwiréka.
               e.    Irung diungsa-angseu bisi enya anu jadi nimbul-keun bau téh
                     jolna ti garasi.
                     Kecap diungsa-angseu asal kecapna angseu lemesna tina ambeu

                     (ngambeu). Diungsa-angseu maksudna ngambeuan ka ditu ka
                     dieu. Sarua dirajék dwiréka.
               f.    Gura-giru kuring mukakeun pager.
                     Gura-giru asal kecapna giru tapi kakara ngan-dung harti mun
                     dirarangkénan  atawa  dirajék.  Gura-giru  hartina  rurusuhan.
                     Dirajék dua kali bari dirobah kecapna (dwiréka).
               g.    Kari-kari Bapa datang, bau bangké téh mani jelas kaangseu.
                     Asal kecapna kari anu hartina tinggal atawa sésa. Dirajék dua
                     kali bari jeung teu dirobah kecapna. Disebutna rajékan dwimurni.

                     Najan kecapna teu dirobah, tapi hartina mah jadi robah. Kari-
                     kari hartina nuduhkeun sangkaan yén antara dua perkara nu
                     kajadian aya patalina (hubunganana).
               h.     Eta tuda ari miceun runtah téh sok padu bra-bru waé.
                     Kecap bra-bru asal kecapna bru. Nuduhkeun pagawéan nunda
                     barang anu loba, ditunda kitu waé teu dibébérés. Ieu disebutna
                     kecap rajékan dwiréka.

               i.       Tapi can jol Bapa mah da teu bau-bau teuing.
                     Kecap bau-bau asal kecapna bau, nuduhkeun aambeuan anu teu
                     ngeunah. Ieu kecap disebut-na dua kali bari jeung taya vokal
                     anu dirobah. Disebutna kecap rajékan dwimurni.
               j.     Ngaliwat-ngaliwat deui ka Pasar Antay téh sanggeus aya kana
                     sabulanna.
                     Kecap ngaliwat-ngaliwat asal kecapna ngaliwat, hartina migawé
                     pagawéan  nyorang  hiji  jalan  atawa  tempat.  Kecap  ngaliwat
                     disebutna  dua  kali  bari  jeung  taya  anu  dirobah.  Disebutna

                     kecap rajékan dwimurni.




            152                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   158   159   160   161   162   163   164   165   166   167   168