Page 73 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 73

aya  kecap  anu  sarakit-sarakit  atawa  sapasang-sapasang
                           nyaéta kecap kudu getol jeung kecap ngarah pinter. Titénan
                           deui conto di handap:


                                         ulah ngala cocongoan
                                         Bisi ruksak tangkal manggu
                                         Ulah waka bogohan

                                         Bisi sakola kaganggu


                                Kecap  ulah  dina  jajaran  kahiji  dibalikan  deui  dina
                           jajaran  katilu,  kitu  deui  kecap  bisi  dina  jajaran  kadua
                           dibalikan deui dina jajaran kaopat.


                                         Sanaos ka Haur geulis
                                         Andi mah resep ka Cina
                                         Sanaos Neng Nunur Geulis

                                         Andi mah resep ka Rina


                                Kecap sanaos dina jajaran kahiji dibalikan deui dina
                           jajaran  katilu.  Kitu  deui  kecap  Andi  dina  jajaran  kadua
                           dibalikan  deui  dina  jajaran  kaopat.  Eta  sababna  disebut
                           rarakitan.

                           3.  Wawangsalan


                                Wawangsalan mah najan asup kana sisindiran, boga
                           wangun anu béda mun dibandingkeun jeung paparikan
                           atawa  rarakitan.  Wawangsalan  ukur  diwangun  ku  dua
                           jajar.  Jajaran  kahiji  mangrupa  cangkang,  jajaran  kadua
                           mangrupa eusi. Saliwat mah antara cangkang jeung eusi
                           kawas  nu  taya  patali  nanaon.  Kakara  karasa  nyambung
                           lamun  geus  kapanggih  wangsalna  (eusina),  nyaéta  hiji
                           kecap anu dibalibirkeun (ditarucingkeun) dina cangkang,
                           sarta sabagian atawa sakabéh éta kecap murwakanti jeung
                           salahsahiji  kecap  (sabagian  atawa  kabéh)  nu  aya  dina
                           eusi.

            62                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   68   69   70   71   72   73   74   75   76   77   78